Kuring
inget kénéh, hiji mangsa kolot-kolot di lembur ngayakeun riungan di imah Pa
Érté. Ngabadamikeun rék nyieun tajug. Balangsak cénah, upama Jumaahan téh kudu
ngadon ka lembur Girang. Mangkaning jalanna sorompod, ngaliwatan kebon awi
sagala rupa. Cék nu heureuy téa mah, inditna kudu nyubuh, beurang saeutik, tara
kabagéan hutbah.
"Enya,
Pa Érté, kudu buru-buru nyieun tajug téh. Si Obay ogé kamari, caritana wé rék
Jumaahan. Naha ari balikna, geus nanggung suluh. Teuing nepi teuing henteu ka
tajug mah!" cék Kang Acéng.
"Ari
geus mangsana tarawéhan sok balangsak téh. Peuting-peuting kudu ngaliwat ka
kebon awi, mangkaning loba kabéjakeunana. Tah, lebah tangkal picung téh, béjana
mah sok aya nu ngagulawing," cék Darmita.
"Heueuh,
apan ieu ogé keur dibadamikeun. Tanahna mah geus aya, wakap ti Ema Unda. Kari
néangan waragad bahan keur wangunanana. Sok atuh urang pikiran ku
saréréa!" cék Pa Érté. Ngadéngé kecap "waragad" mah, nu keur
cékcok téh paheula-heula jempé.
"Usul,
Pa Érté!" cék Kang Rahmat. "Kaina mah, urang maling wé ti leuweung,
deukeut ieuh. Awina ngabukbak nu Bah Mita, malaur ngagegedeg tara aya nu ngala.
Kenténgna ..." Kang Rahmat ngahuleng heula, "Urang ngumaha wé ka Si
Darmita, apan manéhna sok nyitak kenténg. Wajar wé nyumbang satajugeun
mah,"
"His,
béak modal atuh déwék, mangkaning meunang nganjuk ti mitoha!" Darmita
nyelengkeung.
"Hadé
usul téh. Tapi meunang kitu mun nyieun tajug bahanna meunang maling? Kumaha, Pa
Lebé?" Pa Érté ngarérét ka Lebé Encém nu ti tadi anteng nundutan. Puguh
baé asa kagebah, katémbong pisan ngarénjagna téh.
"Aya
hadéna mun di urang nyieun tajug!" pokna, siga lulungu kénéh. "Keun
kuring siap jadi imam, kieu-kieu ogé kungsi ngaji di Ajengan Kosim!"
"Percanten
éta ogé. Tapi kumaha nurutkeun Pa Lebé, mun bahan keur tajug meunang maling ti
leuweung?"
"His,
ulah atuh. Maling mah maling wé, najan keur tajug ogé. Teu, teu satuju!"
cék Lebé Encém bari memener kopéah.
"Kuring
boga usul deui!" Darmita ngacung. "Apan Pa Érté téh gaduh bumi
kosong, tara aya nu ngeusian. Éta wé atuh pindahkeun, énténg ngagarapna
deuih!"
"Éta
mah keur anak déwék atuh!" Pa Érté muncereng.
Nepi
ka tengah peuting riungan téh. Ngagayuh ka janari kakara bubar. Kacindekanana,
bahan keur tajug rék méntaan ka unggal imah, saridona. Peuting éta kénéh ogé
nyieun panitia.
Henteu
mangkuk tilu bulan, bahan keur tajug téh geus ngagunduk. Isukna der diadegkeun,
salembur éta mah tamplok marantuan. Awéwé cuhcih nyadiakeun susuguh. Pa Érté
tutunjuk bari melenyun udud. Lebé Encém, da puguh geus sakitu kakolotanana,
meusmeus ngoloyong ka handapeun tangkal jambu, ngadon ngiuhan.
"Kadé
Pa Érté, kudu nyieun tihang di tengah tajug téh. Rék dua rék tilu éta
mah!" cék Kang Rahmat bari anteng mapasan tangkal mahoni.
"Keur
nanahaon tihang?"
"Ngarah
weweg atuh, jeung pangpangna mah, ngarah aya tempat nyarandé. Unggal peuting
bagilir, ngarah adil. Kitu di lembur girang ogé!"
"Paranti
nundutan?"
"Sigana
mah kitu ..."
"Doraka
siah!" Pa Érté muncereng. "Cék Pa Lebé oge, di tajug mah teu meunang
nundutan!"
"Deukeut
paimbaran nyieun hiji, Rahmat!" Lebé Encém nyelengkeung ti lebah tangkal
jambu.
Heuleut
saminggu ogé, tajug téh geus ngadeg. Henteu sabaraha gedé, tapi cukup keur
jelema 40 baé mah. Bilikna ku hinis petingan. Palupuhna maké awi surat. Tepasna
rada lega, paranti barudak diajar ngaji. Hareupeunana aya kulah, caina beunang
ngocorkeun ti tampian Pa Érté.
Isukna
diresmikeun ku Pa Kuwu.
Kangaranan
kana barang anyar atuh, saban peuting pinuh-pinuh baé. Lebé Encém katémbong
riweuh. Unggal peuting kudu nerangkeun bagbagan ibadah, da loba nu poékeun
kénéh.
"Jadi
solat berjamaah mah kudu aya imam jeung mamum. Imam téh pamingpin solat, mamum
kudu nurut ka imam, ulah miheulaan,"
"Kumaha
mun imamna batal, euh ... kapoosan upamina?" aya nu nyelengkeung ti
tukang.
"Wayahna
imam kudu eureun!"
"Atuh
mamum ogé eureun?"
"Henteu,
da aya wawakilna. Anu kira-kira sanggup jadi imam, kudu nyuluran imam nu batal
téa, upamana baé Pa Erté, nu geus taram-taram jadi imam. Ngan omat, nu rék
nyuluran kudu cicing tukangeun imam, ngarah henteu jauh teuing ngaléngkahna.
Kahartos?"
"Kahartoooos!"
Isukna,
basa keur solat isa, enya baé Ki Imam téh kapoosan. Da éta wé, sanggeus
ngarérét ka mamum, terus kaluar ngaliwatan panto deukeut paimbaran. Nu keur
solat ukur silih rérét, lila naker paheneng-heneng. Bingung tayohna téh.
"Di
mana Pa Érté?" kadéngé aya nu ngagerendeng.
"Ieu
kuring mah, di juru tukang!" aya nu nyelengkeung rada tarik.
"Sok
atuh jadi imam, da euweuh nu bisaeun!"
"Ku
silaing wé atuh, Rahmat, apan étah cicing di hareup!"
"Teu
bisa kuring mah. Nyanggakeun sadaya-daya ka Pa Érté,"
"Silaing
atuh, Daroji!"
"Paralun
teuing, sieun salah babacaanana!"
"Mani
euweuh nu sahulueun!"
"Buru
atuh Pa Érté, bisi kaburu tengah peuting mantén, jabaning can maraban domba ieu
téh!"
"Sarua
déwék ogé can dahar. Ké atuh ... kumaha cék Pa Lebé téh?"
"Enya,
geura pindah ka paimbaran,"
"Kadé
Pa Érté, teu meunang leuwih ti tilu léngkah!"
"Naha
teu neuleu pisan, apan déwék téh di juru tukang!"
"His,
da kitu kuduna asana mah. Léngkah panjang wé atuh!"
"Keukeuh
moal katepi!"
"Kumaha
mun ngajleng?"
"Euweuh
keur ngawahan!"
"Kumaha
mun digandong ku kuring, sah kitu?"
"Tanyakeun
heula ka Pa Lebé, asa can manggih kateranganana!"
"Di
mana Pa Lebéna?"
"Di
cai meureun!"
Berebet
aya nu nyusul ka cai. Kasampak Lebé Encém keur wudu.
"Pa
Lebé, kumaha mun imam digotong?"
Lebé
Encém kerung.
"Geus
dariuk kituh, geuning can ngarti kénéh!" Lebé Encém kutuk-gendeng.
Berebet nu nyusulan balik deui.
"Meunang
cénah bari diuk ogé. Ngésor meureun ..."
Peuting
éta kénéh ogé, Lebé Encém gegelendeng.
"Solat
mah teu meunang bari ngomong, kawas teu apal baé. Mun euweuh nu sanggup jadi
imam, nya enggeus heula wé atuh, engké jadian deui,"
"Sanés
teu sanggup, Pa Lebé. Apan ti juru tukang ka paimbaran sakitu jauhna. Kudu
seseleké meureun, kumaha mun ngagitik batur, kuriak matak ébat!" cék Pa
Érté.
"Taktagé,
nu siap jadi imam mah, kudu deukeut paimbaran. Sok ayeuna mah urang solat
deui!"
Isukna
Lebé Encém henteu ka tajug. Sigana mah capéeun. Da puguh imahna rada anggang.
Nu rék solat berjamaah bingung. Mangkaning Pa Érté ogé teu katémbong.
"Susulan
ka dituh, Darmita!" cék Kang Rahmat.
"Moal
ka dieu, keur nyeri cangkéng. Tadi bébéja ka kuring, cénah moal ka tajug!"
"Pa
Érté atuh!"
Si
Darmita ngaléos. Teu lila geus ngurunyung deui dibaturan ku Pa Érté.
"Aya
naon ieu téh, rék solat kalah ka cékcok?"
"Pa
Lebé henteu ka dieu, jadi Pa Érté kudu ngimaman!"
"Ké
heula atuh, rék nyokot sarung!"
"Har,
ari sugan téh ..."
Teu
lila geus nyurung deui.
"Komat
ka dinyah, Supatma!"
"Ke
heula, keretasna leungit, tadi mah asa ditunda dina kolor!"
"Aéh-aéh,
naha rék komat-komat baé mani kudu maké keretas?"
"Ari
can apal. Darmita, cik pangnyokotkeun kolor déwék, tah ngagawing dina
tihang!"
"Baruk
neundeun kolor dina tihang, paingan ti tadi aya nu ngahiek?"
"Montong
gagabah teuteundeunan téh, Patma. Di tajug mah kudu beresih!"
"Étah
geuning, nu Pa Érté oge ngalumbuk deukeut paimbaran?"
"Da
can diampihkeun nu déwék mah!"
Galantang
Supatma komat. Pa Érté geus mimiti takbiratul ihram, diturutan ku séjénna. Tapi
ka dituna, Pa Érté téh anggur jempling, henteu kecét-kecét, ngahuleng
salila-lila.
"Naha
mani henteu ngagéhan ka nu rék amin," aya nu ngaharéwos.
"Jep,
montong nyarita ari keur solat!"
"Subhanalloh!"
Pa
Érté ngalieuk.
"Hampura,
aya nu poho. Jadian deui wéh!"
Solat
dimimitian deui. Pa Érté sujud, diturutan ku séjénna. Pleng waéh, lila naker
euweuh tanda-tandana kudu cengkat deui. Rék cengkat téh, inggis imam sujud
kénéh, miheulaan meureun kasebutna.
Tapi
ari karah ku cangkeul mah, nu panghareupna ngarérét ku juru panon ka lebah
paimbaran. Gebeg téh, Pa Érté geus euweuh di dinya.
"Pa
Érté leungit!" Darmita ngoréjat. Nu séjénna ébat, gentak carengkat. Batal
wéh caritana mah. Atuh gujrud néangan Pa Érté. Cék nu saurang kapoosan, indit
ka cai. Cék nu saurang deui nyumput ka tukangeun paimbaran. Papada teu
apal, da puguh euweuh raratanana. Disusulan wéh ka imahna. Kasampak Pa Érté
keur nyaleuhak dahar.
"Kumaha
ari Pa Érté, mani euweuh tanggung jawab jadi pamingpin téh!" Darmita kutuk
gendeng.
"Har,
naha bet nyalahkeun kuring. Geus bérés solat mah, nya balik atuh, rék naon
deui?"
"Ari
mamum, piraku diantep sina sujud?"
"Kuring
mah teu wani ngaganggu, cék Pa Lebé ogé doraka ngaganggu nu keur solat mah.
Balik wé rerencepan, bisi maranéh ébat!"
"Tanyakeun
ka Pa Lebé ayeuna kénéh, kumaha cénah hukumna mun imam kitu peta!"
Berengbeng
ka imah Lebé Encém, Pa Érté ogé milu. Kasampak nu ditéang keur haharegungan bari
nyekelan cangkéng. Diterangkeun waéh ku Lebé Encém téh. Nu ngadéngékeun
arunggut-unggutan.
"Ngaranna
ogé diajar atuh, Pa Lebé. Wajar wé mun aya nu salah téh!" Pa Érté semu
ngadégdég.
"Enya,
da solat mah puguh sarat-rukunna, teu meunang diheureuykeun,"
"Paralun
teuing ari rék ngaheureuykeun mah, rumaos jalmi bodo, teu aya katerang!"
*
Pareng
bulan puasa harita téh. Tajug beuki haneuteun. Lebé Encém beuki riweuh baé. Nu
hayang diajar ngaji, ray poé-ray poe téh terus nambahan. Kolot-budak,
awéwé-lalaki, tingalabring indit ka tajug.
"Rumaos
abdi mah, Pa Lebé, tuna ku élmu agama. Puasa ogé, ukur sapanggih-panggihna baé.
Ukur tuturut munding, bari jeung ngarti mah henteu!" cék Darmita.
"Hih,
apan urang diajar babarengan. Manéh geus apal kana jampé saur, Obay?" Pa
Lebé ngarérét ka Si Obay.
"Baruk
saur ogé aya jampéna? Teu apal kuring mah,"
"Apan
ibadah téh kudu puguh niatna. Rék saur aya babacaanana, rék buka nya kitu
kénéh. Pa Érté mah apal meureun?"
"Inget-inget
poho,"
"Cik
manéh, Suip!" Pa Lebé ngarérét ka budak leutik nu diuk panghareupna.
Galantang wéh budak téh.
"Tuh,
budak mah geus apal!"
"Atuda
geus kolot mah pohoan, Pa Lebé. Loba pikiraneun!" Pa Érté rada ngélémés.
"Tah,
engké téh mimiti tarawéhan. Kadé barudak, ulah hareureuy!"
"Kolot
ogé sok aya nu heureuy, Pa Lebé!" Daroji nyelengkeung. "Di lembur
Girang, basa taun tukang kuring milu tarawéhan, mani asa di mana mah. Silih
sedek-silih séréd, réol ka katuhu, bereyek ka kénca. Budak loba nu ceurik
kagencét, bilik tajug nepi ka ngahelob!"
"Heueuh,
lain turutaneun éta téh. Rék sesedekan mah, henteu kudu di tajug, di tegal
pangangonan ogé kurang kumaha lega!"
"Manéh
mah nepi ka buncunur lain, Rahmat?"
"Enya.
Harita téh kuring cicing deukeut tihang. Basa rék sujud, nu ti katuhu
nyérédkeun. Puguh atuh tarang mani ngajedak pisan kana tihang!"
"Leuwih
ti macul capéna téh, tarawéhan di lembur girang mah!" cék Darmita.
"Ari
solat mah kudu husu, boro-boro silih séréd, pikiran ogé teu meunang ucas-acos.
Kudu ditiginkeun, yén urang téh keur ibadah ka Gusti Alloh,"
"Pa
Lebé!" Aki Dasmin nu nyarita téh. "Aki mah rék balik heula!"
"Mangga
baé Aki, bilih aya kaperyogian mah!"
"Enya.
Beuteung mani kukurubukan puguh ogé, ti isuk-isuk can kararaban nanaon, sugan
wé Si Nini mangéjokeun!"
"Enya,
mangga atuh!"
Aki
Dasmin ngaléos, leumpangna rumanggieung. Tapi teu lila geus ngaronghéap deui.
Gék diuk dina urut tadi.
"Naon
Aki, aya nu ditinggalkeun?"
"Poho
Aki téh. Apan ti baheula bulan puasa mah teu meunang madang, lin?"
"Puguh
atuh, da kakara ogé wanci pecat sawed!"
Peutingna,
enya baé tarawéhan téh aman. Taya nu silih-séréd, ari lain sora barudak nu
iirihilan mah.
*
Ayeuna
mah lembur téh geus robah. Pa Érte geus jadi jelema jegud. Gedongna sigrong,
malah cék kolot kuring, bulan hareup rék meuli mobil. Rahmat beuki lancar
usahana, jual-beuli ingon-ingon. Lebé Encém mah geus maot, lima taun katukang.
Darmita geus jadi tukang dawah, kasohor ka lembur tatangga ogé, sok diondang
ari aya muludan atawa rajaban.
"Urang
lembur téh geus palinter ngaji. Si Daroji téh apan baheula mah teu nyaho
alip bingkeng-alip bingkeng acan, ayeuna mah geus bisa maca kitab sagala
rupa!" cék Ema.
Ngan
basa hiji poé kuring ulin ka tajug, rada ngajenghok. Ubin pinuh ku kebul, ari
dina paimbaran katémbong loba rambat lancah.
Sumber: http://daluang.com/
No comments:
Post a Comment