Tadi
téh isuk-isuk, saméméh indit ka setatsion, kaburu kénéh lalajo télévisi. Méh
kabéh cénel télévisi ngabéwarakeun kumaha riweuhna nu rék mudik taun ieu.
Menteri Perhubungan diwawancara, ditalék kumaha tarékah pamaréntah nyadiakeun
tutumpakan keur nu rék baralik ka lembur. Teu kalis ku kitu, réporter ti unggal
télévisi méré gambaran kumaha pasesedekna di setatsion jeung terminal beus,
kumaha polah jalma-jalma nu hayang paheula-heula balik ka lembur. Asana taun
tukang gé teu jauh bédana. Angger matak riweuh.
Éta
béja téh, geuning henteu ngabukti. Hanas tadi rurusuhan indit ti imah, ari
anjog ka setatsion sihoréng sepi jempling. Dipapantes téh pahibut, ari hég ukur
manggih kaayaan nu réhé combrék. Ti barang jrut tina taksi gé, bari neuteup ka
lebah lawang setatsion, geus ngarasa hémeng. Éta atuda, ku henteu manggihan
jalma ngulampreng hiji-hiji acan. Lebah lokét, éstuning tiiseun, dipapantes téh
réa nu keur ngantri nungguan karcis. Nu dagang lebeng, teu kadéngé haok-haokna
acan. Biasana lebah lawang téh sok aya nu dagang cai, atawa dahareun bekeleun
dina karéta. Poé ieu mah suwung.
Teu
burung kerung, asa anéh atuda. Tapi ras ka poé isuk, enya, poé lebaran. Meureun
jalma-jalma téh geus baralik ka lemburna séwang-séwangan. Atuda asa kadedemes
pisan, piisukaneun lebaran masih kénéh nguruskeun haliyah dunya. Ongkoh apan
pangeusi kota téh réréana mah urang lembur, nu ngadon usaha di kota, balikna
sataun sakali unggal lebaran. Jadi henteu kudu dipaké pikiran lamun poé ieu
taya jalma hiji-hiji acan téh.
Ari
patugas karéta api? Piraku nepi ka euweuh hiji-hiji acan? Setatsion diantep
taya dangiang? Ah, éta mah urusan pamaréntah, cék pikir téh. Ukur jadi
panumpang ieuh, nu rék ngagunakeun tutumpakan karéta api, asana teu perlu mikir
nepi ka lebah dinya.
Pamustunganana
mah diuk di lebah peron, dibaturan koran salambar. Henteu mawa nanaon, iwal ti
pakéan anu nerap dina awak mah. Kaméja bodas, calana hideung, maké kopéah wéh.
Enya, apan barang-barang mah geus dibawa ku pamajikan. Manéhna balik ka lembur
téh ti heula, bareng jeung barudak, minggu tukang.
"Sigana
Lis mah badé mios ti payun..." pokna, saminggu ka tukang. Harita téh keur
ngadaweung di tepas hareup, bari nungguan waktuna buka puasa.
"Har,
naha moal nungguan Akang? Bareng wé atuh, apan biasana gé kitu." maké
jeung medenghel, siga nu embung dibarengan atuda.
"Sono
ka kolot, Kang. Sataun campleng henteu patepung. Asa tambélar tuda urang téh,
kéna-kéna geus senang di kota, ka nu di lembur mah lat baé poho. Rék ménta
dihampura Lis mah..."
Aéh-aéh,
cékéng téh, naha marukanna sorangan moal ménta dihampura kitu? Sarua baé jeung
manéhna.
"Moal
bareng jeung Akang?" nanya deui, bisi manéhna robah pamadegan.
"Ari
Akang rék iraha kitu?"
"Sigana
piisukaneun lebaran. Aya kénéh urusan di kantor."
"Tuh,
pan. Kacipta riweuhna piisukaneun lebaran mah. Moal nyalsé. Ongkoh asa
teungteuingeun Akang mah boga dunungan téh. Piraku rék lebaran masih kénéh
nguruskeun pagawéan?"
"Puguh
Akang gé teu ngarti."
"Lain
nanyakeun atuh teu ngarti mah. Batur gé dibéré peré téh aya kana sapuluh poéna.
Na ari di kantor Akang..."
Dilayanan
mah, kuriak matak paséa. Mangkaning bulan puasa. Tungtungna bep baé balem.
Terus nyérangkeun imah loténg peuntaseun jalan. Katémbong nu boga imah gé keur
ngobrol duaan jeung pamajikanana, sigana sarua deuih bari ngadagoan waktuna
buka puasa. Ngan meureun anu diobrolkeun ku maranéhna mah lain perkara mudik.
"Enya,
kitu hadé atuh. Akang mah nyusul piisukaneun lebaran."
"Mangga.
Engké ku Lis dijemput di setatsion. Mun Akang tos badé tumpak karéta, nga-SMS
heula nya, supados Lis tatan-tatan."
"Enya.
Kadé barudak talingakeun. Mihapé!"
Isukna,
sanggeus sapeupeuting nyiapkeun nu rék dibawa, pamajikan indit dianteurkeun ku
badéga. Teu pupuguh, bet kumejot hayang milu. Hayang bareng. Ngan tuluy ras
kana pangajak dunungan, cenah mending rapat heula saméméh liburan lebaran téh.
Ari hég, dina waktuna rapat, asa teu puguh naon jejerna. Ukur ngobrol
ngalér-ngidul, méh taya bédana jeung wangkongan di warung kopi. Minangka nu
matak ngangresna mah, basa silih gabrug, papada ménta dihampura.
Pa
Joko, diréktur di kantor, nangkeup mani tipepereket bari pok deui-pok deui
ménta di hampura. Nu séjénna sarua deuih, papada ngembeng ku cipanon. Atuh
mulang ti kantor téh, pangpangna awéwé, balikna mani carindul. Asana taun
tukang mah henteu nepi ka kitu. Henteu nepi silih gabrug. Cukup ku sasalaman
baé.
*
NGAJANTENG
di setatsion, dibaturan koran salambar.
Suku
geus singsireumeun. Sahanteuna cindekul sorangan bari ukur ngumbar lamunan.
Karéta nu didagoan tacan datang kénéh. Sabudeureun setatsion angger jempling.
Tiiseun.
Bet
panasaran, kusiwel ngaluarkeun tikét, nu geus dipesen ti minggu tukang kénéh.
Angkeuhan téh, mun meulina di setatsion mah sieun teu kabagéan. Horéam
ngantrina deuih-jeung enya apan, basa anjog ka setatsion gé nu sok ngaladangan
tikét téh teuing di mana. Nu matak tatan-tatan ti tangéhna.
Kerung
sajongjongan mah, sabada ngimeutan tulisan dina tikét. Cenah indit téh jam
genep soré, nepi ka nu dijugjug jam dua welas peuting. Sigana tadi téh salah
téténjoan, da asana mah, indit jam dua welas beurang, nepi jam genep soré. Boa
geus lamur panon téh. Atuh meureun kudu ngadagoan tujuh jam deui, da ayeuna
kakara jam sabelas beurang. Asa ngampleng pisan, kacipta cangkeulna.
Nyobaan
nélépon ka pamajikan, tamba kesel nungguan. Kasebelan, mailbox.
Keur naon mamawa hapé ari rék dipareuman mah. Boa kétang di lembur mah euweuh
sinyal. Dicobaan di-SMS, pénding. Tungtungna mah teu puguh gawé, ukur
mulak-malik koran nu geus risek.
Enya,
ari haté mah bet asa hayang aya nu maturan ieu téh. Rék awéwé, rék lalaki, nu
penting mah aya batur ngobrol, ngarah teu huleng jentul teuing. Tapi, nepi ka
suku singsireumeun, awak karasa cangkeul, euweuh hiji-hiji acan nu ngulampreng
ka setatsion.
Ngagayuh
ka magrib, lampu di setatsion patinggalebray. Rada reuwas, teuing saha nu
ngahurungkeunana. Rarasaan mah geus waktuna buka puasa. Terus waé néangan
musola.
Panceg
jam genep, kurunyung téh karéta api. Geus mimiti reupreupan, atuh teu katémbong
karéta nanahaon nu ngurunyung téh. Karéta bodas, mani nyacas. Di jerona teuing
ku caang. Kuring diuk di gerbong kahiji, dina korsi nomer hiji, da kitu nu
dicatet dina tikét.
Enya
ari caangna mah, tapi naha di jero karéta téh mani kotor. Kekebul narapel,
runtah bayatak di ditu di dieu. Padahal apan nu ditumpakan téh karét éksekutif,
lain ékonomi. Ras yén isuk téh poé lebaran. Enya meureun, patugas kabersihan
geus teu kaburu meresihan runtah. Boa maranéhna geus baralik ka lemburna,
ngariung jeung kulawarga, nepi ka lat poho kana meresihan karéta.
Nu
matak kagét, di jero gerbong téh ukur ngajentul sorangan. Euweuh deui nu
séjénna. Euweuh hiji-hiji acan. Sigana nu tumpak karéta ngaguntung di gerbong
dua, tilu, jeung saterusna. Atawa enya kitu ngan sorangan? Ah, naha bet mikiran
nu kitu. Apan haté mah geus hayang nepi ka nu dituju. Tangtu pamajikan keur
nungguan. Najan basa di-SMS téh pénding, boro-boro méré jawaban.
Teu
kungsi sababaraha menit, karéta mimiti ngagerit. Mimiti mah alon, tapi teu lila
mani asa ngabelesat tarik naker. Najan ngarérét kana jandéla, henteu katémbong
kumaha kaayaan di luar. Nu katempo téh ukur cahaya nu patingjorélat, siga
cahaya nu silih samber. Tarik, enya, tarik pisan karéta téh.
Korsi
di gerbong hiji, taya nu ngeusian, ngabaris ti hareup ka tukang. Rét ka tukang,
sugan aya nu keur diuk, berekah euweuh hiji-hiji acan. Atun lapur euweuh batur
ngobrol, iwal ti ngawangkong jeung lamunan sorangan. Bet panasaran, terus baé
dipapay ka unggal gerbong. Lebeng, teu manggih jelema hiji-hiji acan. Ukur
korsi nu ngabigeu, jeung lulurung karéta nu manjang ti hulu nepi ka buntut.
Bet
terus kapikiran, naha pausahaan karéta moal rugi kitu, mawa panumpang ukur
sorangan?
Ari
sorangan teuing mah, teu ku hanteu, bet ujug-ujug ngarasa keueung. Bulu punduk
ngadadak cengkat. Kahayang mah luncat ka luar, ngan sarua jeung nyébakeun
manéh, sasat karéta keur nyemprung tarik kacida. Gancang nélépon
pamajikan, mailbox kénéh. Tungtungna mah leuleumpangan ti
gerbong ka gerbong, bari ngararasakeun hawa keueung nu nyaliara.
Kakara
kapikir, naon héséna mun nyampeurkeun ka rohangan masinis. Aya patugas meureun
di dinya mah, da asa pamohalan ieu karéta maju sorangan.
Deregdeg
ka rohangan masinis. Teu manggih nanaon. Nu katémbong ukur papakas karéta nu
geus maké sistim komputer. Rada ngagebeg, basa maca béwara dina komputer:
kacepetan karéta 109 méter/detik. Sapuluh pangkat
salapan téh apan samilyar. Samilyar méter per detik, teu kacipta
sakumaha gancangna.
Ras
kana katerangan dina hiji buku. Cék itungan para ahli, kacepetan cahaya téh
saratus juta méter per detik. Di ieu dunya, pamohalan aya barang nu bisa lumpat
nyaruaan gancangna cahaya. Cék ahli kénéh, mun hiji barang lumpatna geus bisa
ngimbangan kacepetan cahaya, waktu téh baris eureun. Mun waktu geus eureun,
hartina geus nyorang alam lana.
Samilyar
méter per detik, kacepetan ieu karéta. Gebeg téh!
No comments:
Post a Comment