Angkeuhan
téh rék gégéléhéan heula, bari ngadagoan waktuna seminar. Kasebutna panyatur ti
luar kota bari remen dipaké di mana-mana, ku panitia téh éstuning
dipupujuhkeun. Dipangmesenkeun hotél gé nepi ka sapoé-sapeuting, padahal
seminarna mah ukur satengah poé.
Rék
ngagolédag pisan, hapéna disada. Télépon ti nomer anyar, can kacatet dina buku
télépon hapé. Jempolna geus rék mencét "no"-da manéhna mah tara
narima télépon ti nomer nu teu dipikawanoh. Tapi manéhna ujug-ujug kerung. Bet
asa kungsi apal kana éta nomer téh. Tungtungna mah ditarima.
Ti
ditu kadéngé nu uluk-salam, sora awéwé halimpu naker. Manéhna ngoréjat.
"Abdi
Lilis, sekertaris redaksi Majalah Bihari. Punten, leres kitu
sareng Pa Dirja?"
"Su...
sumuhun."
"Nyuhunkeun
waktos sakedap, aya nu badé nyarios..."
"Ma...
mangga."
Jep
sakedapan jempling. Teu lila kadéngé deui nu uluk-salam, sora lalaki geus rada
umuran, semu peuyeuh. Cék pikirna, asa ningnang pisan dédéngéan téh, ari ti nu
halimpu ka nu peuyeuh mah.
"Dirja
ieu téh?" cék sora ti ditu siga nu can yakin.
"Sumuhun,
leres pisan!"
"Dir,
ieu Akang. Langsung waé nya, Akang nyaho Dirja teu boga waktu nu lila keur
narima télépon. Kieu, Dir. Lilis, enya nu bieu nélépon, geus ngirim surat ka
Dirja ngaliwatan pos jeung imél, tapi can aya walonan. Bisi teu nepi, nya
disusul tepus ku télépon..."
"Henteu
kantos nampi serat abdi mah, Kang..."
"Tuh,
nya, mun henteu ditélépon téh. Dina éta surat, Akang ménta Dirja nulis carpon
keur majalah Bihari nomer lebaran. Aya kénéh waktu sabulan
deui, kitu gé mun Dirja aya waktu keur nyieunna..."
"Carpon?"
"Enya,
carita pondok. Akang remen narima surat ti nu maca Bihari, cenah
hayang maca deui carpon Dirja. Tadina rék ngamuat deui nu baheula, asa teu pati
pantes ari aya kénéh jelemana mah. Jeung pangpangna mah, sugan wé bisa
ngundakkeun deui oplah Majalah Bihari, nu kiwari tinggal
sababaraha rébu éksemplar. Angkeuhan Akang téh, Dirja kasebut keur nanjung,
sohor lain ngan di Tatar Sunda, tukang pulang anting ka luar negeri, ceramah di
mana-mendi, mun daék nulis deui carpon téh, Akang reueus pisan."
"Iraha
paling leuir, Kang?"
"Nya
kira-kira pertengahan bulan puasa. Dimuatna engké geus rék deukeut ka lebaran.
Akang geus nyadiakeun rohangan lima kaca. Malah geus pesen ka tukang layout,
hayang diseparasi ngarah aya warnaan, ulah cakueum teuing..."
"Mangga..."
"Sukur
atuh. Nya kitu heula wé. Hampura Akang ngaganggu. Jeung, euh... rék
sanduk-sanduk wé ti anggalna...."
"Kumaha
kitu, Kang?"
"Enya,
perkara honorna. Lah, matak éra. Biheung mahi keur ngeprin-ngeprin
acan..."
"Na
ari Akang, siga jeung saha..."
"Nya
sukur ari Dirja ngarti mah... Enya sakitu heula. Mun geus bérés mah bisa
dikirim kana imél, konfirmasikeun wéh ka Lilis..."
"Muhun,
mangga..."
Télépon
ditutup. Lelembutanana bet terus ngacacang. Majalah Bihari. Sora nu
peuyeuh. Carita pondok. Kacida ahéngna bet ngaronghéap deui.
Gebeg
téh. Éta bieu, sajeroning narima télépon, naha bet siga nu kasirep. Wani-wani
nyebut mangga bari teu diimpleng heula sanggup-henteuna. Padahal mun nolak gé
meureun moal nanaon, pasti surti kana kariweuh manéhna. Télépon deui kitu,
ngabedokeun?
Panto
kamar aya nu ngetrokan.
"Pa,
diantosan di handap, peserta seminar parantos rempeg..."
*
"PA
Dirja téh, kawitna mah, sok nyerat fiksi dina média lokal. Tina resep maca,
anjeunna jadi euyeub ku pangaweruh, ngajembaran panalar, dugi ka sering medar
sabudereun budaya lokal dina pirang-pirang basa. Kantos diulem ku UNESCO
ngadugikeun pamendakna ngeunaan budaya lokal Indonésia. Ti dinya anjeunna
sering diulem ka luar negeri, kantos ngayakeun gawé bareng sareng sawatara
lembaga budaya di nagara deungeun. Ayeuna, lian nohonan pangulem seminar sareng
ceramah, anjeunna janten pupuhu Dirja Foundation nu kénging
pangrojong waragad ti luar negeri..."
Méh
teu kadéngé sora moderator téh. Manéhna anteng kénéh mikiran sora nu peuyeuh.
Atuh semu ngarénjag basa digebah dititah nepikeun pamanggih téh. Nya barabat
wéh, da geus apal cangkem ieuh. Peserta seminar teu burung kasima ngabandungan
gagasan nu sakitu luhurna, logis tur futuristik.
"Mun
budaya lokal hayang maju, kudu manjing di kiwari, ngakar di baheula. Manjing di
kiwari wungkul, euweuh hartina, sabab engkéna baris leungiteun ciri. Ngakar di
baheula wungkul, teu béda ti ngadon ngukus hareupeun komputer..." pokna,
bari klik kana mouse. Bréh dina layar gambar skéma nu pabeulit ku
garis silih tunjuk.
"Ieu
simkuring ngadamel gambar sabangsaning regenerasi budaya. Katingal ti handap
dugi ka luhur, ngaliwatan sababaraha generasi. Idéalna, unggal generasi mawa
misi nu béda, diluyukeun jeung jamanna. Maksad simkuring, dina saban generasi,
nu disebut budaya téh robah, tapi akarna puguh. Upamina, generasi kahiji henteu
kedah maksakeun ngahuapan generasi kadua ku kahayangna, da tugasna lain
maksakeun kahayang, tapi népakeun akar. Mun generasi kahiji keukeuh peuteukeuh,
komo bari réa nyawad batan méré bongbolongan, dijamin tah aya generasi nu
pegat. Mun geus pegat, nya wayahna baris kaeusian ku nu séjénna. Nu mawi
simkuring mah, punten, mun aya nu nyebutkeun generasi ayeuna geus kabaud ku
budaya deungeun, nya lain salah batur. Salah urang sorangan, bongan henteu bisa
nyambungkeun akar ti generasi ka generasi."
Peserta
seminar bati olohok. Teuing hélok teuing bureng, atawa kasima nempo nu
ngabamblam sakitu sumangetna.
"Tah,
ayeuna nu badé dipedar ku urang, kumaha nyambungkeun generasi sangkan henteu
pegat..."
*
Di
Hotél "Paripurna", bulan puasa.
"Mirna,
naha mani kalékéd narima telepon téh? Kieu, cik pangningalikeun jadwal sayah
nepi ka méméh lebaran, aya waktu nu kosong teu? Kumaha? Cik atuh nu puguh
ngatur jadwal téh, maenya sayah kudu nyarita di dua tempat dina waktu nu sarua.
Euweuh sapoé-poé acan? Enya, apan ka Malaysia mah paling saminggu. Aéh-aéh, nu
ka Prancis mah diundur, kagok ku lebaran. Pokona mun bisa aya nu dibedokeun,
sayah rieut kudu nyieun makalah unggal peuting, can program preséntasina... Kumaha,
geus dipalanjer? Cik ilikan deui nu bener...."
Klik,
telepon ditutup. Manéhna ngalangeu dina jandéla, di lanté opat, niténan gegekna
patali marga mangsa tengah poé éréng-éréngan. Katémbong plang iklan ngajajar
pabadag-badag, ngaréka pirang-pirang poseu awéwé rancunit.
Kring
deui télépon. Nomer anyar tapi asa wawuh.
"Abdi
Lilis, sekertaris redaksi Majalah Bihari. Punten, badé
naroskeun perkawis carpon téa..."
"Oh,
muhun... kantun éndingna manawi, ké upami tos réngsé saénggal dikintunkeun kana
imél... Iraha naék citak?"
"Opat
dinten deui, Pa..."
"Oh,
aya kénéh waktos..."
Ngalangeu
deui. Hawa kota, di luar, dipapantes téh teuing ku nyongkab. Ranjug téh,
manéhna semu ngagebeg, basa panonna eunteup ka parapatan Jalan Kirinyuh. Lebah
trotoar siga nu ngampar catetan lawas. Di dinya, welasan taun katukang, manéhna
kungsi ngajanteng luut-léét késang. Terus nikreuh ka kalérkeun bari ngélék map
dieusi naskah. Nyéh seuri sorangan, harita manéhna teu boga keur ongkos-ongkos acan,
rék ngadon kasbon ngijonkeun naskah ka Bu Euis, bagian keuangan di
Majalah Biwari.
Kring
deui télépon.
"Mirna,
Pa. Katingalna mah jadwal téh padet pisan, euh... Bapa mung aya libur 3 dinten
dina lebaran téh. Dua dinten saatos lebaran kedah tos ngabiur ka Prancis."
"Nya
teu nanaon ari kitu mah..."
"Supados
teu kaganggu mah, rupina, mangga atur hapé Bapa supados mung tiasa nampi
télépon ti nomer husus baé..."
"Enya..."
Télépon
ditutup.
Rét
deui ka parapatan. Ingeteun kénéh, harita bada asar manéhna diuk di jero
angkot, lebah lampu setopan, balik ti Majalah Bihari.
Manéhna
ngarahuh. Gagancangan muka léptop, dihurungkeun.
Keur
kitu panto kamar aya nu ngetrokan.
"Pa,
diantos di rohang handap. Peserta seminar parantos rempeg..."
*
TI
hiji masjid, sora nu keur tarawéhan mapay-mapay hawa kota, kasilep gerungna
mobil nu pabuis kénéh muru hilir muru girang, kacandet jandéla kamar Hotél
"Paripurna", di lanté opat.
Hapé
napel kénéh dina ceulina.
"Tah
kitu, Mir. Pokona peuting ieu ditungguan di kamar 404. Aéh-aéh, lain manéh nu
kudu ka dieu mah, kuriak matak gujrug. Enya, éta pangarang téa. Télépon heula
Lilis, sekertaris majalah Bihari. Nya kumaha wé atuh carana, siga
lain jalma nyakola waé Mirna mah. Enya, tanyakeun saha pangarang panghadéna,
terus téangan téléponna, jemput ku Si Udin sina dibawa ka dieu. Lah... teu
hayang nyaho, pokona kudu peuting ieu..."
Klik
télépon ditutup. Kop deui kana léptop. Makalah kakara nepi kana bubuka.
Teu
kaur laju kawasna téh. Bet rus-ras ka sora nu peuyeuh. Bangun keur ngaléléwéan,
dina umur tunggang gunung, nérékték maké mesin tik. Sora mesin percetakan
ngaguruh dina ceulina, jep eureun kacandet keretas nu ngagulung-wantuning mesin
generasi taun 1960-an, ririwit pisan. Awéwé tengah tuwuh ngajanteng nyekelan
tulang sapi nu geus hérang balas dipaké ngalipet keretas. Sora mesin citak
mungguh ngahiung ngabetot ka mangsa lawas.
Tengah
peuting.
Bél
kamar disada. Rurusuhan dibuka. Bray. Ngajanteng duaan. Nu hiji, wawuh pisan
manéhna, Si Udin supir kantor. Nu hiji deui, budak ngora kénéh, katémbong mani
rengkuh.
"Ieu
pangarang téh?" manéhna ngeuteup ka nu datang.
"Ah,
tamba teu aya damel wé abdi mah. Sok leukeun kutrat-kotrét. Kantenan, da ari
kurup sareng pangabutuh mah henteu. Mun teu aya deui damel..."
"Oh,
kitu... saha ngaran téh?"
"Seueur..."
"Har,
naha bet réa?"
"Muhun,
dina majalah mah sering nganggo sandi asma."
"Oh...
teu nanaon. Sok diuk...."
"Duh...
asa kagunturan madu abdi mah ditepangkeun sareng Pa Dirja téh, da sering maca
karyana tina majalah édisi kapungkur..."
Gék
dariuk dina sofa.
"Ti
iraha sok ngarang?"
"Aya
panginten lima taunan mah... ah tambi kesel wé, Pa. Nya éta gé sok aya nu
nyantok dugi ka sababaraha kali kénging penghargaan."
"Bisa
kana komputer?"
"Euh...
tiasa ngetik-ngetik baé mah..."
"Bisa
kana internét?"
Ngahuleng
heula. "Www téa, Pa?"
"Enya,
ngirim naskah kana imél..."
"Kana
naon ngirim émail téh... diposkeun?"
"Lah,
teu nyambung. Kieu wé, da moal lila. Sok dibayar sabaraha mun nulis carpon
sajudulna?"
"Emh,
... sa..." rada laun nyaritana téh.
"Kieu,
sok nyieun carpon sajudul. Ngeunaan lebaran. Nu alus. Nu nyastra. Ku sayah
dibayar sapuluh juta!"
Éta
budak kalah olohok.
"Nya
lumayan keur bekel lebaran. Daék?"
"Ma...
mangga..."
"Nya
tapi aya saratna. Éta carpon kudu maké ngaran sayah. Terus kirimkeun file-na
ka Lilis, sekertaris majalahBihari. Kopina kirimkeun ka Mirna,
sekertaris sayah. Alamatna tanyakeun ieu..." bari nunjuk ka supirna.
"Éta carpon panjangna lima kacaeun majalah, kudu geus kabikeun isuk.
Kumaha?"
"Ma...
mangga..."
"Boga
nomer rékening?"
"Teu...
teu gaduh..."
"Ieu
wé atuh maké cék, isuk duitna cairkeun di bank. Sok ayeuna mah geura
gawéan..."
"Hatur
nuhun, Pa Dirja..."
Duanana
ngaléos. Gap deui manéhna kana léptop. Ngarahuh.
*
TILU
poé sabada lebaran. Ti lebah bandara, aya kapal ngabiur ninggalkeun lalaki
tengah-tuwuh nu keur kurah-kuréh di hiji kios koran.
"Geus
aya majalah Bihari téh, Jang? Baheula mah ngalanggan Bapa téh,
ayeuna mah sabada pangsiun, teu kaduga mayarna, jadi ngécér wé..."
"Aya,
Pa. Dipesenkeun wé, da biasana mah tara aya. Puguh teu pati pajeng, ukur
diréturkeun..."
"Nya
engké mah mawa wé... keun Bapa nu meulina... Cik mana nu panganyarna?"
Nu
boga kios koran kurah-koréh heula sakedapan, song wéh. Sakedapan éta lalaki mukaan
majalah.
"Aya
kénéh, Jang?"
"Da
ngan pesen hiji, ngan éta-étana..."
"Lah,
hanjakal atuh teu bisa dihilikeun. Sigana nu ieu mah aya kasalahan. Ieu geura,
piraku lima kaca kosong euweuh eusian?"
No comments:
Post a Comment