Legana
moal kurang ti tilu héktar. Di jerona matak hookeun. Pinuh ku kekembangan.
Seungitna meleber angin-anginan. Kuburan mérés, puguh jajaranana. Wangunna
paalus-alus, malah ceuk béja mah, tutunggulna ogé aya nu ditapelan emas. Reup
peuting, da asa di taman kaputrén atuh. Lampu baranang di unggal tetengger,
warna-warni, patingburinyay. Henteu keueung di dinya mah. Henteu geueuman. Ceuk
paribasana, dipaké niis ogé moal teu matak betah.
Rek
teu kitu kumaha, da puguh nu dikuburna ogé lain jalma joré-joré. Malah, anu
hayang dikubur di dinya mah, kudu pesen heula kavling. Hargana leuwih ti
kavling imah di real-éstate. Cenah mah, duitna téh asup kana kas pamaréntah
daérah, turta dipaké keur kagiatan sosial. Tapi, sanajan hargana mahal, tara
kungsi aya nu hoghag ngajak adu harga. Geus kitu lumbrahna. Matak pesen kavling
di Pajaratan Kasimpé ogé, manéhna téh lain jalma masakat, kana tangtu loba
duitna.
Pagawé
nu ngurus Pajaratan Kasimpé, aya puluhna. Ti mimiti tukang sasapu, tukang
ngurus kembang, tukang menerkeun lampu, jeung tukang ... milang kuburan.
Maranéhna cicing di dinya, dipangnyieunkeun wangunan méwah, sarta bisa hirup
senang jeung anak-pamajikanana. Gajihna leuwih ti guru golongan IV, ditambah ku
bonus saban bulanna. Nu ngagajihna, saha deui upama lain kulawarga nu
dikurebkeun di dinya, kulawarga jelema beunghar téa.
Di
antara para pagawé Pajaratan Kasimpé, anu katémbong pangsenangna mah Mang Ija,
tukang milang kuburan. Digawé teu pati ripuh, tapi gajih sarua jeung baturna.
Geus lima taun manéhna digawé di dinya. Tina ladang ngitung kuburan téh, Mang
Ija geus bisa meuli sawah di lemburna jeung nyakolakeun budak-budakna.
Enya,
mimitina mah Mang Ija kerung ku pagawéanana téh. Asa teu kaharti, ceuk pikirna
téh. Naha maké kudu dibilang unggal poé, da moal aya nu leungit. Dina
nambahanana ogé, apan puguh catetanana. Tapi, lantaran butuh ku duit téa,
dikeureuyeuh wé. Sapoé dua kali ngitungna téh, isuk-isuk jeung sareupna.
"Ngeunah
manéh mah digawe téh, Ija. Bisa bari héhéotan!" ceuk Mang Darman, tukang
ngurus kembang. Da jeung enyana atuh, jam tujuh isuk-isuk ogé, geus bérés. Ka
dituna mah bisa saré bisa lalajo televisi, ngan henteu wé ari ulin ka luar
pajaratan mah. Da apan kitu katangtuanana, unggal pagawé teu meunang kaluar,
upama euweuh idin ti Kepala. Komo deui, di lebah lawang dijaga ku satpam aya
opatna, rék kumaha bisana manéhna kaluar.
Peutingna,
para pagawé téh sok ngariung, ngawangkong ngalér-ngidul.
"Saha
baé euy, anu dikubur di dieu téh, déwék mah can apal?" ceuk Mang Ija,
ngarérét ka Mang Darman.
"Har,
apan di dinya purah milangna?"
"Heueuh,
da kuburan bisa diajak ngobrol!"
"Rupa-rupa
cenah, ti mimiti pajabat, pangusaha, atawa nu disebut konglomerat téa. Pokona
mah tukang ngahambur-hambur duit. Tuh, anu dijuru mah, tutunggulna ogé maké
emas!"
"Kumaha
lamun aya nu maok?"
"Matak
dijaga ogé, bisi aya nu maok. Matak dibilang ogé, bisi aya nu leungit!"
"Heueuh,
ari batur, nu geus maot ogé mani dipupujuhkeun. Naha da di lembur déwék mah,
astana téh diantep narikolot. Diberesihanana téh, ari rék lebaran wé,"
"Enya,
di lembur kuring ogé. Ngan ceuk beja, teuing enya bohongna mah, anu dikubur di
dieu téh jalma beunghar nu keur hirupna boga lampah nirca,"
"Ulah
suudon, ah!"
*
Isuk-isuk
kénéh, Mang Ija geus kerang-kerung. Ngahuleng sakedapan mah, siga aya nu
dipikiran. Gorolang deui milang. Huleng deui.
"Ké,
naha kuburan téh bet nambahan. Kamari aya 300 siki, ayeuna jadi 301. Aing nu
kérok kitu?" gerendengna. Dicobaan dibilang deui. Angger sakitu.
"Teu
kudu héran, Jang!"
Gebeg
téh, Mang Ija mani ngarénjag. Rét ka lebah datangna sora. Katémbong aya aki-aki
maké baju kucel, dikopéah, ngajanteng luareun pager. Sorot panonna teuing ku
seukeut, nepi ka Mang Ija semu ngadégdég.
"Mémang
bener itungan Ujang téh. Peuting tadi, kuburan geus nambahan deui hiji. Aki
pisan nu boga ngagawéanana!" pokna, bari angger ngajanteng teu obah-obah.
"Naha
Aki henteu laporan heula. Henteu sambarangan Ki, anu dikubur di dieu mah. Kudu
puguh idéntitasna, kudu puguh tata-tertibna,"
"Aki
ogé apal. Tapi da éta mah aturan beunang manusa. Teu nanaon lin, dirempak ogé.
Barina ogé, ngurebkeun mah ngurebkeun wé, maké jeung kudu laporan heula ka
walikota. Sarua geus jadi mayit ieuh, naha maké jeung dibéda-béda, diwilah-wilah!"
"Enya,
tapi kuring anu bakal disalahkeun. Nu dikurebkeun di dieu mah lain jalma
joré-joré, Ki. Jalma masakat kawas urang mah, pamohalan diidinan milu ngiuhan
di dieu!"
"Ah,
naha maké teu bisa. Kawas maranéhna moal maot baé. Ari geus maot mah, nya
kumaha nu hirup atuh. Moal bisa hayang-hayangan. Barina ogé, Ujang mah moal
apal, anu dikurebkeun di dieu téh sabalikna tina téténjoan Ujang. Lain jalma
beunghar, tapi jalma masakat. Enya éta ogé, ari kuburanana mah hurung-hérang,
dipapantes, dibebenah. Tapi dina enas-enasna mah, maranéhna téh keur careurik
balilihan,"
"Na
ari Aki, kawas nu bisa nganjang ka pagéto baé,"
"Ulah
salah, Jang. Nu dikubur di dieu mah, kabéh ogé jalma anu simpé dina hirupna.
Jalma anu teu apal jeung teu hayangeun apal, yén aya deui kahirupan sanggeus
ngahenang-ngahening di alam dunya téh," pokna, bari terus ngaléos. Mang
Ija tibang olohok.
"Naha
ari aing mani teu nanyakeun, eta aki-aki téh?" gerendengna.
Papanggihanana,
henteu dicaritakeun ka sasaha. Disidem wé. Dicaritakeun mah, kuriak
diseungseurikeun, da puguh matak teu kaharti téa. Ngan isukna, Mang Ija geus
ngahuleng deui. Kuburan nambahan deui, jadi 302. Basa ngarérét ka luareun
pager, sugan aki-aki aya deui, teu manggih nanaon.
"Teu
kaharti. Naha iraha waktu ngurebkeunana, mani euweuh tapakna. Saha jeung lebah
mah deuih dikurebkeunana ogé. Teu puguh jajaran mana anu nambahan téh!"
pokna, ngomong ka diri sorangan.
Kitu
jeung kitu wé, nepi ka genep poé lilana. Saban isuk, kuburan téh nambahan hiji.
Ngan poé katujuh, Mang Ija teu katémbong milang kuburan. Puguh baé Mang Darman
kagét, gancang nepungan pamajikan Mang Ija.
"Ka
mana salaki manéh?"
"Teuing,
da basa hudang ogé geus teu kasampak!"
"Sok
tara bébéja ari indit-inditan téh. Mana catetan ngitung kuburan, urang
pamilangkeun ku kuring,"
"Tah
geuning ngagantung. Pulpénna ogé aya di dinya!"
Mang
Darman nyokot keretas. Terus dibaca.
"Poé
kamari, pabuburit, jumlah kuburan aya 306!" gerendengna. Berengbeng ka
luar. Terus milang kuburan, imeut naker. Meunang tilu balikan.
"Na
ari Si Ija, digawé téh teu balég pisan. Pasti kérok tah ngitungna. Piraku poe
kamari 306, ari ayeuna aya 307. Ditegor siah ku aing mah!" ceuk Mang
Darman bari ngungkug, rék mikeun catetan ka pamajikan Mang Ija.
No comments:
Post a Comment