Jelema mimiti ngagimbung.
Sigana urang lembur tamplok ka dinya. Silih tanya jeung pada baturna. Nu
kumecrék baé aya, atuh nu olohok mata simeuteun gé teu kurang-kurang.
"Geus kolot teuing
atuda," cék Aki Salhawi nu nangtung gigireun Padma, lir ngomong ka diri
sorangan. Maké kénéh kopéah, disarung, sigana kakara turun ti tajug.
"Sabaraha taun kitu
yuswa téh?" Mang Kaja nanya.
"Lain umur déwék,
Kaja, itu wangunan sakola," pokna semu mureleng.
"Manawi téh... Naha
bet runtuh, Ki?"
"Tangtuna gé
lantaran kaina geus bobo, témbokna geus lukutan. Kituna mah dijieunna téh taun
1970. Bahanna saayana, wantuning meunang gotong-royong. Nepi ka ayeuna can
kungsi dioméan. Pantes runtuh gé."
"Karunya ka barudak
wé. Eureun meureun dialajarna!"
"Wah, diajar mah
bisa di mana waé. Balé désa ngajugrug, atuh di tajug gé moal aya nu
nyaram,"
"Ari pamaréntah teu
kadugaeun ngoméanana kitu?"
"Tong nanya ka
déwék. Tuh tepungan Kuwu, sugan nyahoeun," cék Aki Salhawi bari ngusiwel
muka wadah bako. Terus ngalinting.
"Bako kawak,
Ki?"
"Heueuh, paméré Si
Darmita. Bisi rék ngasaan?"
Mang Kaja milu nyewol
bako tina wadah palastik.
"Sakitu gé untung
kénéh, Ki. Sakola téh runtuhna tengah peuting. Teu kasawang mun ngagebruna ti
beurang, kumaha nasib barudak?"
Barudak sakola geus
mimiti jul-jol. Maké saragam bodas-beureum. Ukur bati colohokna nyaksian
wangunan sakola lir rata jeung lemah. Ku guruna jeung kapala sakola, barudak
téh sina ngumpul di imah Érté Ocim nu teu jauh ti dinya. Sababaraha urang mah
kalah ka riweuh mukaan buku. Ingeteun kénéh meureun, yén poé ieu téh rék
ulangan matématika.
"Geus, geus, teu
kudu mukaan buku. Ulanganana teu tulus!" cék Bu Guru semu kesel.
"Janten ayeuna
libur?" hiji budak nyelengkeung ti tukang.
"Cicing wé heula.
Engké dangukeun piwuruk Bapa Kapala!"
*
KA beurangnakeun, urang
kacamatan ngurunyung maké mobil dines. Kuwu Iros mani cuh-cih. Ibu-ibu PKK sina
nyadiakeun tuangeun keur urang kacamatan. Urang lembur gé mimiti singkil.
Ngambreg ka lebah wangunan nu runtuh. Kaina dibérésan, kenténg nu pareupeus
ditambrukeun deukeut dapuran haur. Korsi jeung méja mah neundeunna dipisahkeun.
Papan tulis nu teu rénggot-rénggot téh, masih kénéh nangtung di rohangan kelas
hiji. Aksarana écés kénéh: ini sekolah budi.
Réa nu kapanggih
sajeroning mérésan wangunan nu runtuh téh. Struk gajih kapala sakola katut
daptar potonganana, sigana tinggaleun dina méja. Dina laci méja guru, lian ti
daptar hadir murid téh, aya nu manggihan lipstik. Kitu deui buku-buku nu maké
stémpel "tidak diperdagangkan".
"Amankeun, ulah
diganggu!" Kuwu Iros hahaok.
Sanggeus patingharéwos
jeung Kuwu Iros katut kapala sakola, urang kacamatan téh terus baralik. Cék Pa
Kadés basa ditanya ku urang lembur, cenah urang kacamatan rék sagancangna méré
laporan ngeunaan éta kajadian ka DPRD. Ngarah SD Pasisian buru-buru diwangun deui.
*
PADMA ngajanteng kénéh.
Teu ieuh maliré nu keur paciweuh. Teu hayangeun mantuan deuih. Nu ngolébat dina
pipikiranana: runtuhna sakola téh sarua jeung runtuhna pakasaban manéhna. Kudu
pindah gawé kana naon, teu kaimpleng. Ongkoh geus puluhan taun deuih, milu
nyiruruk di dinya téh. Sakola téh geus asa imah sorangan, bali geusan
pangbalikan.
Geus dua puluh taun
manéhna digawé di éta sakola, jadi pasapon, sakalian jadi tukang jaga.
Pagawéanana meresihan pakarangan sakola, ngaladénan guru jeung kapala sakola,
purah diutuh-étah. Buruhna ukur ngandelkeun piwelas guru jeung kapala sakola,
jumlahna henteu tangtu. Minangka émbohna téh, pamajikanana muka warung
tukangeun sakola. Daganganana sabangsaning kadaharan keur barudak.
Kuduna mah manéhna nyaksian
basa éta sakola runtuh téh. Da unggal peuting gé apan tara ingkah warung. Ari
kamari, pamajikanana hayang dianteur ka kolotna. Cenah rék titirah heula tilu
bulan mah, da puguh keur pibulaneun, sageuy mun ngajuru di warung téh. Lian ti
hareurin téh, jauh ka paraji deuih. Komo deuih, lian ti nu di kandung téh, kudu
ngurus budakna nu tilu nu laleutik kénéh.
Imah mitohana rada jauh,
katambah hujan ngaririncik, matak wegah mun balik deui ka sakola téh.
Tungtungna mah milu saré di imah mitohana, isukna rebun kénéh rék buru-buru
balik.
Tadi, isuk-isuk, basa
anjog ka sakola, ngagebeg lain meumeusan. Sakola téh geuning geus rata jeung
lemah. Warungna gé milu nyanggéyéng, katinggang naon boa mah. Manéhna inget
kénéh di jero warung téh aya dadagangan jualeun ka barudak poé ieu.
Lain, manéhna téh lain
sieun teu narima gajih. Éstuning panineungan anu napel baé mah. Sasatna digawé
di dinya téh geus 20 taun, purah ngajaga sakola jeung diutuh-étah ku guru. Mani
dédéngéeun kénéh, sora barudak nu keur diajar maca, atawa haokna guru nu keur
nyarékan murid.
Dua puluh taun, manéhna
ngawula ka wayahna, da pamohalan ari diangkat jadi pagawé negeri mah. Riweuh
ngurus itu-ieuna, katambah manéhna mah henteu tamat SD-SD acan.
SD Pasisian téh perenahna
di désa nu mencil, di tutugan gunung. Barudak nu dialajar di éta sakola,
kabéhanana gé budak bulu taneuh, nu kolotna nandonkeun hirup tina tatanén.
Padma gé baréto mah teu
bisaeun maca. Ngan ku sabab unggal poé nyaksian barudak diajar maca jeung
nulis, tungtungna mah asa jadi murid, najan ukur ngelol tina kaca. Atuh kana
lagu wajib geus apal deuih, bubuhan sok ngadéngé unggal poé Senén mun barudak
keur upacara. Ti mimiti lagu Indonésia Raya nepi ka Gugur Bunga.
Di éta sakola ngan aya
tilu rohang. Guruna tiluan, nu hiji ngarangkep jadi Kapala Sakola-Pa Umar
ngaranna. Lalaki tengah tuwuh geus cetuk huis, tapi duka ku naon tacan pangsiun
waé. Lian jadi guru téh, urusan duit sakola gé dicekel ku manéhna. Barudak nu
diajar téh aya nu bagéan isuk aya nu bagéan beurang, wantuning guru jeung
rohanganana henteu nyukupan.
Ngaguruan di dinya mah,
nu ngaranna indit Subuh balik peuting téh lain bobohongan. Pa Umar kudu nikreuh
lima kilométer, mapay sawah jeung meuntas walungan. Nu matak arang pisan guru
nu daékeun ditempatkeun di dinya mah. Tempatna mencil, muridna balangor tur
sareuseut mayar SPP. Ari Padma, meunang buruhna éstuning kumaha kanyaah ti guru
nu sadrah nyongcay gajih saban bulan.
Ayeuna mah sakola téh
geus runtuh. Meureun manéhna gé geus moal meunang deui buruh.
Boro geus diajam ti imah
mitoha kénéh, datang ka sakola téh rék terus nepungan Pa Umar. Rék ngumaha.
Sasatna nyanghareupan nu rék ngajuru, moal enya teu nyekel sapésér-pésér acan
mah. Tapi niatna bolay ku téténjoan poé ieu.
*
PADMA ngajanteng kénéh
sisi jalan. Poé beuki ngarayap, teu kanyahoan geus reup deui peuting. Manéhna
neuteup ka lebah sakola. Teuing ku leleb. Aya nu ngelemeng dina sirahna, éta
sakola kudu buru-buru diwangun deui. Barudak kudu dialajar deui.
Geus kitu mah rurusuhan
ngajugjug imah Kuwu Iros. Rék ditanyakeun, iraha cenah éta sakola diwangun deui
téh. Kuwu Iros katémbong siga nu capé kénéh. Éta wé, sajeroning nyanghareupan
Padma téh henteu némbongkeun budi nu marahmay.
"Nyieun sakola mah
béda jeung gerakan nyieun solokan. Kudu itu heula, kudu ieu heula!" pokna,
semu nu kesel.
"Kumaha atuh nasib
barudak?" Padma nanya.
"Har, naha nanya
kitu? Tapi sigana, saheulaanan mah, ték dihijikeun jeung sakola di désa
tatangga,"
"Apan tebih, Pa
Kuwu. Kudu meuntas walungan sagala rupa,"
"Aéh-aéh, Padma mah
teu kudu milu ka ditu. Da lain budak sakola,"
"Kinten-kinten,
iraha tah sakola urang tiasa diwangun deui?"
"Nu kitu mah urusan
gegedén. Bapa teu nyaho!"
Puguh gé, jawaban Kuwu
Iros téh henteu matak sugema. Bisa jadi peuting éta mah pédah keur capé. Nu
matak isukna geus ngurunyung.
"Cék émutan,
pendidikan téh kalintang pentingna, Pa Kuwu. Nu mawi kedah saénggalna diwangun
deui!"
"Cék sasaha gé
penting. Tapi leuwih penting deui mikiran saha nu rék méré waragad keur
ngawangun éta sakola?"
"Pamaréntah
tangtosna gé."
"Enya, saréréa gé
nyaho. Ngan naha bisa téréh kitu? Moal. Ngawangun sakola téh butuh waragad nu
lain saeutik,"
"Teras, iraha
atuh?"
"Isukan!" cék
Kuwu Iros bari ngagebrag méja.
*
GEUS ngajengeléng sakola
téh. Malah cék Kuwu Iros mah leuwih agréng manan sakola di kota kacamatan.
Manéhna cenah, nu uras-urus ka kabupatén, aya kana dua taunna. Guru-guruna
diganti ku nu anyar. Pa Umar geus pangsiun, atuh guru ti heula ngajar di dinya,
pindah pacabakan kana tani.
Diresmikeunana ku Bupati.
Maké jeung nanggap dangdut sagala rupa.
Padma
ngajanteng sisi jalan. Nyérangkeun ti jauhna.Sumber: http://daluang.com
No comments:
Post a Comment