Mun téa mah nu maotna téh dulurna, atawa kulawargana, sigana moal
matak ngadégdég teuing. Ieu mah apan jelema manjang-munjung, teuing saha,
teuing urang mana.
"Matak cék kami gé nyieun imah téh ulah di dieu. Asa réa
pisan kajadian!" cék Darmita ka pamajikanana, basa duanana keur dariuk
hareupeun hawu. Di luar hujan ngaririncik kénéh. Ari di patengahan, kadéngé
sora tatanggana patinggerendeng.
"Hih, ari geus kumaha atuh. Piraku dipindahkeun onaman!"
"Nyisit kadal poé ieu mah!"
"Keun baé atuh, Kang. Da henteu unggal poé ieu!"
Ti patengahan kadéngé aya nu ngageroan.
"Ita,... Ita!" sora Pa Érté.
Darmita nyampeurkeun.
"Kumaha, Pa Érté?"
"Geus rék magrib geuning. Sigana kuring saparakanca rék baralik
heula. Engké ka peutingnakeun kuring rék ngutus hansip sina milu kemit di
dieu!"
"Ma... Mangga!"
Pa Érté jeung baturna baralik. Haruhujanan.
Di imah tinggal duaan, Darmita jeung pamajikanana. Rét ka nu
ngajepat di patengahan. Duanana buru-buru balik deui ka dapur, dariuk dina
jojodog hareupeun hawu.
"Ari geus kieu kumaha?" Darmita melong ka Bi Onéh,
pamajikanana.
"Nya kumaha deui atuh, piraku rék ngejat onaman. Sasatna
urang téh keur katitipan..."
"Katitipan mayit? Najis teuing!"
"His, ari nyarita téh ulah padu engab!" cék Bi Onéh bari
ngarérét ka lawang nu ka patengahan.
"Na sia teu keueung, Onéh?"
"Keueung mah atuh puguh, ngan..."
"Ngan naon?"
"Ngan sugan wé engké peuting mah réa nu maturan. Mending ka
cai heula ayeuna mah, sigana geus waktuna magrib."
*
KANG UNÉB nu pangheulana hariweusweus téh. Balik ngarit ti Cisitu
hujaneun, ngadon ngiuhan handapeun tangkal caringin. Tadina mah rék muru imah
Darmita baé, da geus deukeut, ngan hujan mani ngagentak. Ujug-ujug ngagebrét.
Rada lila ngiuhanana téh, da suku gé nepi ka singsireumeun. Basa
rék nanggung pisan carangka, maké jeung pangangguran tanggah. Ngan henteu
kapiuhan wungkul, panon molotot, biwir calawak, nempo nu guwang-gawing dina
dahan caringin. Kasima sajongjongan mah. Geus kitu cul tanggungan, berebet
lumpat muru ka lembur bari gogorowokan.
Nu pangheula bijil ti imah téh Darmita, bubuhan pangdeukeutna.
Ditanya aya naon-naonna, Kang Unéb kalah ka tutunjuk.
"Itu... Itu!" pokna.
Urang lembur barijil ti imah séwang-séwangan. Bari haruhujanan,
bring ka handapeun caringin, dipingpin ku Pa Érté. Nu borangan mah teu wani
ngadeukeutan, ukur nyérangkeun ti jauhna.
Tadina mah rék ngadagoan pulisi, da aya hansip nu dititah nyusulan
ka kacamatan. Tapi lalampahan ka kacamatan téh kacida jauhna, euweuh
tutumpakan, kawantu di lembur singkur. Paling nepina téh tengah peuting, kitu
gé mun lancar di jalan. Ari layon piraku diantep. Sabada diparéntah ku Pa Érté,
layon téh diturunkeun. Nu nurunkeunana Mang Ija, kasohor jelema wanian. Mani hésé
béléké da puguh leueur.
Basa layon geus nepi ka handap, gancang dituruban ku samping
kebat.
"Ka manakeun?" cék Mang Ija.
"Saha nu daék ngarawatan?" Pa Érté kalah malik nanya.
Euweuh némbalan, sigana kabéh ogé wégah ari kudu katitipan mayit mah.
"Kumaha mun urang bawa ka masigit?" aya nu nyelengkeung
ti tukang.
"Wah, jauh teuing. Balangsak mawana, sakieu keur hujan téh,
jabaning geus reupreupan. Urang simpen di imah Darmita baé ngarah deukeut.
Kumaha, Darmita?"
"Ma... Mangga!" walon Darmita semu asa-asa.
Regeyeng layon digotong, dibawa ka imah Darmita. Digolérkeun dina
samak di tengah imah. Dituruban samping kebat.
Cék nu nelek-nelek mah, cenah éta téh mayit Sukria, bandar sampeu
ti lembur Cipélah. Euweuh nu nyaho naon sababna pangna ujug-ujug aya dina dahan
caringin. Nya pikeun ngayakinkeun mah, Pa Érté nitah Mang Ija indit ka Cipélah.
Sina ditalungtik enya henteuna. Mun enya Sukria, sakalian baé béjaan
kulawargana, rerencepan.
*
GEUS wanci sareureuh kolot. Darmita jeung Bi Onéh tinghariul kénéh
di dapur. Hujan teuing iraha raatna, da kadéngé tingparalak kana kénténg.
"Éta bet ngadon di lembur batur..." Darmita ngaharéwos.
"Matak naon atuh mun di lemburna, piraku euweuh tatangkalan onaman."
"Enggeus, Kang. Siga nu teu iklas geuning Akang mah!"
"Hih, lain teu iklas. Ari urang rék saré di dapur?"
"Enya wé. Di pangkéng mah deukeut teuing ka patengahan."
"Ka mana deuih mangkeluk hansip téh, wayah kieu can
embol-embol..."
"Hujan sigana mah."
"Enya, siga nu nyébakeun Pa Érté téh."
"Kira-kira bener kitu urang Cipélah?"
"Kateuing atuh, teu nyidik-nyidik rupana." cék Darmita
bari ngasurkeun seuneu. Lumayan tamba tiris teuing.
Maju ka peuting mah hujan téh raat. Tapi hansip euweuh nu datang.
Di luar mani réhé combrék. Dalah jangkrik jeung caricangkas nu biasana disada
gé, peuting ieu mah siga nu ngarejat ka jauhna.
"Geus peuting pisan sigana, tunduh kami mah..." Darmita
merelek heuay.
"Rék saré di dieu waé?"
"Enya, ngampar samak wéh,"
"Samak jeung simbutna di pangkéng..."
"Har, naha atuh lain bawa ti tatadi? Jung cokot!"
Darmita mani mureleng.
"Hiy, horéam teuing. Ku Akang wéh..." walon pamajikanana
bari ngarérét ka patengahan.
"Kalah ka malik nitah. Hayoh cokot!"
"Akang sieun?"
"Lain sieun kami mah, geus teu kuat tunduh deuleu..."
"Dasar ipis burih!"
Bari jeung mentegeg ku omongan salakina, Bi Onéh neger-neger manéh
asup ka patengahan. Angkeuhan téh, nu ngajepat mah moal dirérét wé. Atuh
leumpangna nyangigir ngarah panonna ukur nénjo bilik. Teu burung nepi ka
pangkéng. Sanggeus nyokot samak jeung simbut, terus kaluar deui bari mundur.
Leungeunna gupuy-gapay kana bilik. Basa rék bijil pisan ti patengahan, bet teu
ku hanteu, mani panasaran hayang ngarérét. Sirahna lalaunan ngalieuk... barang
rét... aya kénéh!
Mani satengah lumpat muru salakina. Gabrug Darmita dirangkul.
"Ari sia nanaonan?"
"Aya kénéh geuning, Kang!"
"Nya heueuh atuh..."
Samak diamparkeun. Duanana terus ngaringkeb teu jauh hawu nu
ruhakna ruhay kénéh.
*
EUWEUH kajadian nanaon nepi ka isukna téh. Darmita mani asa
longsong duméh geus beurang. Pa Érté jeung nu séjénna mimiti jul-jol. Hansip
sanduk-sanduk pédah teu bisa datang, alesanana mah budakna teu ngareunah.
Cék laporan Mang Ija, enya éta téh layon Sukria. Sukria keur
diudag-udag ku réntenir, katambah pamajikanana kalah ka nyéléwér. Kawasna mah
geus poékeun pikir, balik nyiar sampeu ti Pasir Muncang, ngadon gugulayunan
dina dahan caringin.
"Matak gé ulah hayang jadi réntenir..." cék Pa Érté.
Layon terus digotong dijajapkeun ka lemburna. Darmita milu
nganteurkeun.
"Pa Érté mah nyiksa abdi..." cék Darmita, basa balik ti
Cipélah.
"Itung-itung latihan wé atuh..." Pa Érté ukur mésem.
Nepi ka imah, Darmita ngadadak asa lugina. Blus ka dapur, leguk
nginum, hanaang tayohna, tas leumpang sakitu jauhna. Basa ngojéngkang ka tengah
imah, rék neundeun kopéah, manéhna olohok bari ngajanteng lebah lawang. Panonna
gigisik... teu salah téténjoan, di tengah imah katémbong aya nu ngajepat
dituruban samping kebat.
Berebet, gajleng ka buruan, terus gogorowokan ménta tulung.
Bi Onéh kaluar ti pangkéng bari mengkek piseurieun. Geus kitu nu
ngajepat téh dibérésan. Anggel tilu nu dituruban ku samping kebat.
"Kudu diwarah..." pokna gegerendengan sorangan.
No comments:
Post a Comment