Mokaha
da, dina usum kieu, ari kana saratus perak mah sapoena eta kawung teh bisa
mere, teu hese-hese. Lakar daek bae ngaropeana.
Ku
Aki eta kawung dibere ngaran peringetan ka Kangjeng Dalem Wira Tanu Ningrat.
Minangka pangeling-eling ka anjeunna, disebut wae Kawung Ratu.
Riwayatna
mah kieu eta teh: Baheula, waktu Aki ge ngora keneh, can jaman merdeka harita
teh, eta kawung jeunah keneh, can diropea. Ari carulukna mah geus aya, ngan
leungeunna can nongtot.
Harita
Aki boga deui kawung tilu, nu jadi di sisi walungan Cilonggan. Nu eta mah geus
lila bisa disadapna, ngan teu pati matut.
Saban
Aki rek nagenkeun lodong kana kawung nu tilu tea, Aki nga-randeg heula di
handapeun tangkal kawung jeunah. Da enya, estu jadi angen-angen pisan, sangkan
eta kawung bisa mere pakasaban anu lumayan. Ku Aki sok diajak nyarita kieu:
"He Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng, parawan Mandalasari nu ngadeg di sisi
jalan liliwatan, geura pintonkeun panangan salira, mancer geutah madu tina rema
salira ....
Teuing
kalah ku mindeng, teuing memang geus waktuna, leungeun eta kawung teh teu lila
nongtot. Ari geus nongtot bet jadi bingung Aki teh, sok sieun sal ah
nyigayanana. Da eta kawung teh pelak Aki jaman budak. Poho deui karuh,
nyanghareup ka mana waktu Aki melak eta kawung, asa ngaler asa ngidul. Apan sok
pundung mun salah nyigayanana mah. Jadi nyigayanana kudu lebah tempat melakna.
Upama teu kitu, hamo. Lain omong bebenjon ieu teh, enya, sidik, nurutkeun
pangalaman Aki kitu, sotenan.
Ku
lantaran poho terus, nya Aki teh tahajud heula, hayang dibere ngimpi ku
Pangeran. Hayang kaimpikeun deui teh kalakuan jaman Aki melak kawung eta.
Kaliasan bet kaparengkeun. Aki ngimpi. Jeung Aki percaya pisan kana eta impian
teh. Dina itungan, Aki melak kawung nyanghareup ka beulah kaler. Jadi nyigayan
kawungna oge kudu ti beulah kaler. Aya deui nu jadi pikiran harita teh. Naha
ditinggurna kudu keur gumear atawa gumucrak-koneng. Apan beda-beda sipatna
kawung teh. aya nu kudu ditinggur waktu kembangna gumucrak-cibeas,
gumu_crak-koneng, tumereb, gumear, humeor, lumecir, humangit, malah aya nu kudu
geus beukah. Tah eta Aki can nyaho. Tapi nya tungtungna mah dipaparah bae.
Waktu keur gumucrak-koneng, mimiti ditinggur.
Ku
lantaran marawanan, basa ceg kana leungeunna Aki ngomong kieu: "Nyi
Parawan Mandalasari, montong getek montong ngepeskeun, poe ieu teh poe
pangantenan urang, perlu cisusu jangeun turunan ..."
Ninggurna
ati-ati pisan, bakuna mah sieun katinggur heunteu careuhna. Kumaha keh mun
-kitu, kana pundung deui bae. Taktage kawung mah kos jelema - eh kos parawan
meureun - kudu asak ngolona.
Sanggeus
ditinggurna lita, heg diayun. Jeung sanggeus katimbang waktuna, si kembang teh
tuluy wae dipagas, dipopok ku legoh tangkalak sabiasa.
Nyeta
atuh, ari mimitina mah eta kawung teh bet matak rudet bae. Keur lahangna
saeutik teh, haseum beak karep. Ku taksiran Aki, eta kawung keur gering. Eta we
da kalah ka gegedoh nu ka luar teh, rujit.
Jeung
eta harita, neangan kacembeng, kuat kukulintiran ka ditu ka dieu, weleh teu
manggih. Nya kapaksa wae ku daun kanyere. Eta leungeun kawung nu geus dipagas
teh, heg disusut ku daun kanyere, ava ulah loba teuing gegedohna. Minangka obat
doktorna meureun mun ayeuna mah.
Jaba
ti eta, lahangna diraru. Sok akar kawao diasupkeun kana lodongna sanggeus
dipuput teh. Gen ditagenkeun dina leungeun kawung. Enya rada saleuheung
lahangna teu haseum teuing.
Beuki
lila eta kawung teh beuki pikalucueun. Lahangna teu haseum sarta beuki jugrah
bae. Sapoe-sapeuting dua lodong teh aya kana dua bonjoreun mah, nitih salodong
sabonjor. Mucekil pisan sakitu teh.
TAH
harita aya pemundut ti Ratu di nagara teh. Punduh Cakra dina hiji poe datang ka
Aki. Cenah, Kangjeng Dalem Wira Tanu Ningrat mundut dipangdamelkeun gula ka
unggal somahan ti wewengkon Ta-raju jeung Salawu nu sok nyadap. Di desa
Mandalasari nu kapeto teh nya Aki pisan. Tangtu Juragan Kuwu nu nuduhkeunana
teh, da piraku Kangjeng Dalem uningaeun onamaning.
Beu
ambeu, Aki teh dipundutan ku Ratu geuning, kudu nyieun gula sireum jeung gula
kerenceng. Pagawean nu bangga eta teh. Tapi sakumaha banggana oge, da dawuh
Ratu, piraku bet dipagak, tangtu diestokeun pisan. Apan cenah "guru-ratu
wong atua karo, wajib sinembah."
Tegesna
Ratu nu faoga nagara katut uteuk-tongo-walang-tagana, piraanan mundut gula
sireum jeung gula kerenceng,cek Aki teh. Malah bungah nu aya, dumeh kapercaya
ku menak ti dayeuh.
Eh
poho, eta, nu dipundutan gula di desa Mandalasari teh lain Aki wungkul.
Duaanjeung Ki Tasrip nu boga kebon kawung pohara legana. Kawung nu jadi
kaagulanana, ku manehna dingaranan Kawung Juuh, eta meureun pedah lahangna juuh
pisan, jugrah.
Jigana
rek dipriskeun Aki jeung Tasrip teh, mana nu leuwih bisa nyadap jeung nu bisa
nyieun gula. Atuh tangtu wae Aki enya-enya mah, sieun eleh, sieun isin ku Ratu.
Kabeneran
kawung nu tadi teh keur purug, leungeunna kuat satilu-tilu. Disadap kabehanana.
Atuh Aki teh aya harepan, lantaran lahangna geus beunang dipercaya tea. Jadi
baris meunang lahang nu hade tur loba. Cek angkanan harita, upama Aki meunang
pris ti Ratu, Kangjeng Dalem, eta kawung teh rek dingaranan Kawung Ratu.
Dina
enggoning nyadapna harita, estu sagala elmu Aki pamere ti nini-aki diketrukkeun
kabeh. Boh jangjawokan boh kias-tarekahna sangkan meunang lahang loba tur alus,
kabeh dijalankeun. Ieu teh awahing hayang kaanggo ku Ratu bae.
Waktu
lahang nu ditaheur keur nyengka, pok Aki ngaharewoskeun jangjawokan. Kitu deui
waktu geus rumamat.Tuluy dijait. Ti dinya terus diguis. Terus diguis henteu
dicitak, lantaran apan rek nyieun gula ke-renceng jeung gula sireum tea.
Sajeroning
ngaguis, Aki teu poho mapatkeun jangjawokan karuhun, menta sangkan gulana
kamanah ku Ratu, sing bodas-ngeplak gula sireumna, sing ulah tutung-atahan gula
kerencengna.
Taksiran
paneda Aki teh diijabah. Eta bae hasilna cek Aki mah estu nyugemakeun pisan.
Tuluy ditorosan dihade-hade, sangkan engke di mana aya nu ti desa, kari sok.
Waktu
Ki Punduh Cakra datang rek nyokot gula haturan Kangjeng tea, bari ngasongkeun
teh teu poho Aki mapatkeun jangjawokan minangka pangjajapna, ambeh gulana
dipiasih ku Ratu, kamanah ku menak.
Lila
Aki ngadagoan beja ti dayeuh. Aya kana dua Jumaahna, sarta dina hiji poe,
Punduh Cakra datang deui.
Pokna:
"Ki Sukarma, gula kerenceng jeung gula sireum teh geus katampi ku Kangjeng
Dalem. Jigana mah kapuji ku anjeunna. leu kuring masrahkeun suratna ..."
Bari
ngadegdeg Aki nampanan eta surat. Aksarana aksara Sunda. Heg ku Aki dibaca. Mun
teu salah kieu unina teh:
"Ki
Sukarma di Babakan Kiara, desa Mandalasari. ieu kula Dalem Tasikmalaya, Wira
Tanu Ningrat, mere beja yen gula ti anjeun geus katampa sarta kapuji hadena.
Dina
ieu surat kaula mere duit, lumayan pikeun dipake jimat ...."
Kitu
asana eta eusi surat teh. Enya eta surat teh dibarengan ku duit sabenggol.
Bener sabenggol, teu kurang teu leuwih.
Upama
diitung ku harga gula mah, duit sabenggol teh, wah teu kabual. Rugi malah. Tapi
ngingetkeun, yen eta duit teh - sanajan ngan pangaji sabenggol - citresna ti nu
jadi Ratu, bungah nu aya. Sarta sakumaha dawuhanana yen eta duit kudu dijieun
jimat, ku Aki teu digasab, diteundeun didama-dama pisan.
Ti
harita kawung nu tadi teh dibere ngaran Kawung Ratu. Kabeh urang desa
Mandalasari, nepi ka desa Puspahiang oge geus nyarahoeun, yen Aki meunang pris.
Pris kahiji malah di sa-Salawu oge.
Dina
hiji peuting bet eta kawung teh kaimpikeun. Dina itungan nu kadeuleu harita,
eta kawung teh bet leungeunan sarta sirahna saperti awewe, pohara geulisna.
Kitu lah jiga burok, ngan awakna lain kuda, tapi kawung. Ngong eta burok kawung
teh ngawih anu maksudna menta ka Aki persenan ti Ratu.
Anggeus
ngawih, ana korejat Aki hudang. Bet make muringkak bulu punduk. Inget harita
malem Jumaah kira wanci janari leutik.
Kaganggu
ku mikiran impian, Aki teu sare deui. Nyileuk bae. Ceuk hate: Enya Nyi Mas
Pohaci Jubleg Ireng teh mundut persenan ti Ratu geuning. Jeung ahirna, sanggeus
dipikir dibulak-balik, gilig we hate teh, yen duit sabenggol nu ti Ratu tea,
rek dibikeun ka Kawung Ratu. Da enya mana kitu oge, hakna.
KACARITAKEUN
isukna, rebun-rebun keneh, Aki geus indit bari mawa duit benggol, rek
ngajalankeun niat tea. Tah harita meunang kareuwas nu pohara teh. Ti kajauhan
geus katembong, yen di handapeun Kawung Ratu aya 12jelema. Ana dilelek-leiek,
geuning eta jelema teh nu rek deleka, da keur ngagedek bae nuar Kawung Ratu.
Nataku Aki sewot na, serepet nyabut bedog panjang bari ngagorowok:
"Sia
rek nuar kawung aing, hah? Hayang dicacag?"
Jelema
nu aya di handapeun kawung gancang ngalieuk. Masya Allah geuning manehna teh Ki
Tasrip tea. Enya Ki Tasrip nu eleh pris tea. Tah barang manehna neuleu beungeut
Aki, gancang manehna mabur, lumpat tipaparetot. Ku Aki meunang sawatara
pentangan mah diudag, tapi teu kebat, da cek ingetan karo-karo burung. Tuluy we
balik deui kana kawung.
Diilikan
tapak kampak dina tangkal Kawung Ratu teh, hadena can pati jero. Leuh
diwaaskeun upama Aki teu gancang-gancang ka dinya, kana lapur tah kawung teh.
Mangkaning kawung geus ngaronjatkeun darajat Aki di desa, malah julukan Kawung
Ratu oge geus kawangikeun, Piraku we mun teu meritegeg upama aya nu nuar teh.
Kaharti
ku Aki, Ki Tasrip teh sirik, pedah kawungna teu meunang pris. Kawung Juuh-na
eleh ku Kawung Ratu. Art kituna mah, nya sarua wae meureun jeung Aki, manehna
oge hayangeun kamanah ku menak, hayang kaanggo. Tapi nasib hade aya di Aki.
Banget-banget Aki nganu-hunkeun ka Pangeran jeung ka para karuhun nu ngawaris
jangjawokan jeung elmuning kias tarekah tea.
Estu
jadi udagan Aki, iadi udagan sarerea, hayang jadi somahan anu hade teh. Da
ngarumasaieun hirup digeugeuh ku menak. Maksud Aki teh di dunya. Jadi fay a
barang kinasihan, upama dipundut atawa dipika-palay ku nu ngaheuyeuk nagara
mah, tangtu disanggakeun kalawan kabungahan.
Katurug-turug
Aki percaya pisan, yen dawuh Ratu mah sok saciduh metu, sabda menak sok saucap
nyata tea. Aki yakin, ku kaanggona gula kerenceng jeung gula sireum tina Kawung
Ratu, bakal aya karasana kana kahirupan Aki. Buktina eta Kawung Ratu teh beuki
jugrah bae lahangna.
Tah
nya; kacaritakeun duit benggol nu ti Kangjeng Dalem ku Aki di-asupkeun kana
hate Kawung Ratu. Mimitina mah rek di beh handap bae, kabeneran aya urut kampak
tea. Ngan dipikir, bisi aya nu manggih-an. Ku lantaran kitu terekel naek kana
sigay; kira sadeupa deui ti pucuk, heg molongoan tangkalna, bes benggol teh
diasupkeun ban ngomong:
"leu
Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng, kuring nyanggakeun kagungan, mugi ditampi
..,."
Ti
harita Kawung Ratu teh dieusi benggol jimat. Aneh karasana ku Aki asa aya
komaraan sanggeus kitu teh. Euh tangtu perbawa jimat ti Ratu, cekhate.
Isukna
Aki meunang beja pikareuwaseun. Majah Ki Tasrip geus maot ngagantung maneh dina
tangkal Kawung Juuh. Inna lillahi, cek hate. Manehna .maot lantaran eleh pris
meureun. Eleh berjuang cek basa ayeuna mah, berjuang sangkan kaasih ku Ratu.
Teu ngabibisani, cacak mun Aki eleh oge, kana kawas manehna. Ngan teuihg ketang
ari kudu ngagantung maneh mah. Nu tangtu, boga perasaan teu bisa jadi somah-an
nu hade mah, pasti aya.
UJANG,
NYAI, geuning maraneh teh ngabandungan omongan Aki bangun pogot kitu? Naha rame
pangalaman Aki teh? Asa teu pira pila-kadar ngadongengkeun kawung! Panjang
sotenan dipanjangkeun ku Aki, itung-itung Aki mulangkeun deui panineungan ka
mangsa baheula. Da ari lalakonna mah pondok pisan.
Jigana,
tangtu Ujang-Nyai oge boga kahayang cara Aki. Hayang jadi somahan - rayat
meureun cek basa ayeuna mah - nu hade. Enya? Pi-raku bae mun henteu teh. Ari
lantaranana apan urang hirup teh estu ka-purba ku menak. Cek ayeuna mah meureun
ku Bapa-bapa Pamingpin. Tina hal ieu, Aki yakin pisan, yen tangtu sarua, mo
beda. Upama geus beda, nya bengkok sembah tangtu bakal aya mamala. Nagara bakal
kacrut werit jeung ilang dangiang, lantaran somahanana geus malung-kir ka nu
jadi ratuna. Naudubillahi mindalik!
Ku
lantaran kitu, waktu dina hiji poe Aki kadatangan jurungan ti kacamatan, yen
Juragan, eh Bapa Camat, mundut gula galeuheun, ku Aki teh estu disanggupan
pisan. Ras inget ka jaman baheula. leuh, Aki mah teu ngawiji-wiji ka nu jadi
menak teh. Teu pedah jaman baheu_la teu sarua jeung jaman ayeuna. Sarua bae.
Menak mah menak bae, sanajan ayeuna geus ganti ngaran oge, da hakekatna mah
moal beda.
Kira
dua minggu ka tukang, waktu Aki neang leungeun Kawung Ratu, manggih pangalaman
nu matak ngajenghok. Nya eta deukeut tangkal kawung geus aya calecer. Beu, cek
hate, .tangtu ieu teh calecer ti Desa nu rek ngalegaan jalan. Ari
disidik-sidik, sihoreng calecer teh ayana beh ditueun kawung. Harita Aki
ngaheruk lila pisan, ret kana
Kawung
Ratu, ret kana calecer.
"Emh,
deudeuh teuing Kawung Ratu, meureun maneh teh bakal di-tuar dajalan rek
digedean," cek hate. Nya eta atuh, ku hanjakal Kawung Ratu teh jadina meh
dina kuta pisan, jadi kasipat ku calecer tea.
Pohara
Aki sabilna. Ras inget kana pamundut ti Juragan Camat. Ras inget deui kana
parentah ti desa. Mangkaning kawung Aki teh ngan tinggal Kawung Ratu wungkul.
Jadi pikeun nedunan pamundut ti Kaca-matan, Aki satadina mah ngandelkeun ti
Kawung Ratu. Tapi harita rek dituar, titahan ti desa.
Art
nu matak sabil, ka ditu kumaha ka dieu kumaha. Apan Desa jeung Kacamatan teh
sarua bae kudu diturut parentahna. Boh Juragan Kuwu, boh Juragan Camat, sarua
menak nu wajib sinembah tea.
Aya
nu matak ngarugikeun Aki teh. Nya eta tipama parentah ti Desa diturut. Atuh
meureun mun dituar, kana leungit pakasaban Aki nu baku. Tapi kumaha da eta
parentah nu kudu diturut.
Upama
teu diturut, beu aya kudua atuh Aki teh nyontoan ka nu ngaro-ra. Apan tadi ku
Aki geus dicaritakeun, yen upama kitu, bengkok sem-bah tea. Eta Aki teu niat,
bararaid teuing!
Tapi
Aki perlu ku eta kawung. Kahiji keur pakasaban Aki, kadua keur nedunan pamundut
ti Kacamatan tea. Keun ari pakasaban Aki mah, teu penting, tapi eta pamundut ti
Kacamatan.
leuh
Ujang-Nyai, karasa bohongna omongan Aki nu pangahirna bieu? Majar keun ari
pakasaban Aki .... Ah, nyeta atuh Ujang, Nyai, sabener na Aki butuh pisan ku
eta kawung teh. Eta teh hirup Aki, Ujang, Nyai. Upama euweuh eta kawung meureun
Aki beuki kokoro.
Jadi
sarua pentingna, boh pikeun nedunan pamundut ti Kacamatan, boh pikeun kahirupan
Aki sorangan.
Beuki
dieu pamundut ti Kacamatan beuki mereg bareng jeung paren_tah ti Desa sangkan
Kawung Ratu gancang dituar. Duanana parentah ti menak, duanana kudu diturut.
Ari
peuting tadi bet eta Kawung Ratu teh kaimpikeun deui. Da enya atuh, nepi ka Aki
mah boga anggapan, yen eta kawung teh lain saka-wung-kawungna, estu titisan
Nyimas Jubleg Ireng nu asalna tina daging jeung getih Dewi Sri urang kayangan.
Ku lantaran kitu pangrumat Aki terhadep eta kawung, pohara enya-enyana,
dipusti-pusti pisan cara ka jelemabae.
Enya,
eta kawung teh peuting tadi kaimpikeun deui. Dina itungan, manehna nembongan
ngarupakeun hiji putri nu make pakean sing sar-wa bodas. Heg ngagupayan ka Aki.
Ari disampeurkeun, bet kadenge manehna ngawih, pokna:
"Pileuleuyan,
pileuleuyan,
kuring
digupay ku langit,
pileuleuyan,
pileuleuyan,
kuring
ditundung ku bumi."
Jigana
mah geus terus rasa ka manehna, yen moal lila deui manehna rek dituar mana
kaimpikeun kitu oge. Geus boga wirasat, yen lalakonna tereh tamat.
Impian
peuting kamari meureun minangka iber pileuleuyanana.
Aki
jeung manehna tereh papisah. Beurat puguh ge. Ngingetkeun geus kalilaan
babarengan, sakaduka-sakasuka, asa jeung dulur pet ku hinis bae.
Ayeuna
Aki pohara baluwengna, sabil nu taya papadana. Ras inget Kawung Ratu daek teu
daek kudu dituar. Leuh, mun dituar teh meureun sarua jeung maehanjelema, cek
Aki mah. Dosa jeung teu kaduga.
Coba
kumaha timbangan Ujang jeung Nyai, lamun maraneh nyangha-reiipan perkara kieu?
Inget kana papatah "guru, ratu wong 'atua karo wajib sinembah," inget
kana pangabutuh sorangan jeung inget yen nu kudu dituar teh Kawung Ratu pisan
nu ku Aki dianggap jelema nu boga nyawa.
Ayeuna
lalay geus mimiti ka luar. Geus meh sareupna. Nyanghareup-an peuting, engke,
pohara wegahna, lantaran isuk kudu aya putusan. Isuk gagasan leungeun kawung
geus waktuna dibuka, lahangna geus kerep nyakclakanana. Pamundut ti Kacamatan
bisa ditedunan upama Kawung Ratu teu kudu dituar.
Rek
kumaha ieu leungeun Aki isukan? Naha ngecekkeun kampak kana tangkalna nepi ka
kawung jadi pogor atawa nagenkeun lodong kana leungeun kawung .... Eta can
kapikir ku Aki, tapi kuma isuk bae. Engke peuting Aki rek mikir.
KITU
kira-kira obrolan Aki Sukarma ka kuring kamari teh. Nyaritana estu binarung
rasa jeung dareuda hate. Persualan nu disanghareupana-na pohara beuratna.
Kuring ge teu bisa mutuskeun kudu kumaha ma_nehna teh, naha kudu nyadap atawa
kudu nuar kawung.
Tapi
poe ieu pisan, tadi isuk-isuk, manehna geus mutuskeun sorang_an. Manehna geus
ngajawab persoalanana pribadi. Jigana mah meu-nang mikir sapeupeuting. Yen kudu
kitu.
Tadi
isuk-isuk, kuring bareng jeung urang kampung Babakan Kiara ngahaja nepungan
manehna ka Kawung Ratu.
Barang
datang ka handapeun kawung, meh kabeh taya nu kuat tanggah. Kabeh ngaheruk.
Ret
kuring kana tangkal kawung. Aya tapak ngadek, tapi can patijero. Kampakna
ngagoler dina taneuh, teu jauh tina puhu sigay. Sanggeus kitu lalaunan panenjo
kuring mapay sigay ka luhur suku Aki Sukarma geus ngagulayun.
Cek
hate: Poe ieu geus leungit hiji tukang nyadap kahot nu geus ka koncaradi desa
Mandalasari anu ngaran Aki Sukarma.
Jeroning
kitu kuring asa ngadenge nu ngawih ti lebah tangkal ka_wung. Sorana gaib naker:
"Pileuleuyan,
pileuleuyan,
kuring
digupay ku langit,
pileuleuyan,
pileuleuyan,
kuring
ditundung ku bumi ...."
Sumber: http://daluang.com/
No comments:
Post a Comment