“Pasti
keur mikiran rumah tangga!” aya nu nepak ti tukangeun, nepi ka kuring ngoréjat.
Bedul téh, Si Yuda. Nyéréngéh némbongkeun huntu nu rongéh. Lucu baé Si Éta mah
katémbongna téh. Gék diuk gigireun, mani méh rapet jeung awak kuring. Remote nu
keur dicekelan direbut, channel-na dipindahkeun kana acara pangaresepna.
“Béh
dituan diuk téh, mani nyedekkeun kitu. Kumaha mun aya nu ningalikeun!” kuring
rada nyereng. Manéhna angger nyéréngéh bari ngised saeutik.
“Alah,
najan ditangkeup gé moal ku nanaon. Da uing mah teu bogoh ka manéh!”
“Sarua.
Tibalik meureun langit mun urang terus bobogohan mah. Manéh bakal terus jadi
sobat kuring najan nepi ka paéh gé!”
“Beu,
ari nyarios téh. Mani kokomoan kitu. Henteu digawé?”
“Batur
gé poé Minggu mah cicing di imah!”
“Jalan-jalan
sugan, ka mall, supermarket, bioskop.”
“Bété.
Hayang cicing di imah!”
Manéhna
mindahkeun deui channel. Berita kriminal. Pemerkosaan. Geus awéwé
deui nu jadi korban téh.
“Nia
keur paséa deui, nya? Jeung indung, nya?” manéhna neuteup. Panonna angger
hérang, angger jujur.
“Enya.
Keuheul atuda, unggal poé ninitah kawin. Mémangna kawin téh bisa dipaksa kitu?
Henteu, lur. Kawin mah kudu dibarung ku jujur. Ari nu jujur téh geus hésé
ditéanganana. Nu matak kuring mah mending moal kawin.”
“Beu,
kumaha mun katuliskeun jurig!”
“Keun
baé, da jurigna gé aya gigireun, keur nyekelan remote!” kuring
nyikikik. Manéhna teu riuk-riuk, malah paromanna katémbong daria naker.
“Ku
naon atuh bet embung kawin? Pan umur téh geus 30, lin? Indung manéh pasti
hariwang nénjo anak jadi parkol.”
“Parkol?
Naon éta téh, asa kakara ngadéngé.”
“Parawan
kolot.”
“Pan
manéh gé jabul, jajaka bulukan!” kuring jebi. Mun geus kitu, sok terus silih
teuteup bari nyéréngéh. Yuda, jajaka nu geus welasan taun babarengan jeung
kuring. Sobat dalit sasatna, ti jaman sakola kénéh.
“Jadi
manéh téh keukeuh moal kawin?”
“Kacipta
loba pikanyerieunana. Kumaha mun kuring meunangkeun lalaki barangasan, ambek
saeutik terus ngagaplok. Ka awéwé ukur bisa ngakaya. Mun geus seubeuh terus
dipiceun. Lah, sararieun kuring mah.”
“Da
éta atuda, Nia mah mindeng teuing cacampuran jeung kaom feminis. Cik mikir téh
réalistis saeutik mah. Tong nilik lalaki tina goréngna wungkul. Réa kénéh nu
jujur jeung satia. Salah sahijina uing…”
“Meunyiii
…” mun kongang mah hayang mengék irungna. Ah, naha atuh manéhna téh bet mawa
baé suasana hégar.
“Indung
manéh tangtu baringsang atuh, moal henteu garo singsat unggal poé, nénjo manéh
henteu eungkeut-eungkeut begér, jajauheun boga karep laki-rabi. Naha Nia henteu
nyaah ka indung?”
“Nyaah
ka indung lain hartina kudu kawin. Ongkoh naon deuih anu dipiharep ti lalaki. Teu
dipangusahakeun ku lalaki gé kuring mah geus boga gawé. Babaturan bayatak.
Kacipta hirup téh sagala kasungkeret, teu meunang itu, teu meunang ieu. Kudu
kitu, kudu kieu. Hirup mah mending nu wajar baé, bébas.”
“Sumuhun,
da salira mah resep ngukut égois,”
“Ari
geus kumaha deui. Biarkanlah hidup apa adanya.”
“Uing
mah da arék kawin, tinggal nungguan waktuna baé.”
“Kumaha
karep.”
“Salira
leres-leres égois.”
“Keun
baé.”
“Geus
ah, lieur nguruskeun kawin mah.” manéhna neundeun remote dina
méja. “Uing mah ka dieu sotéh rék nginjeum sepédah, hayang ulin ka gunung. Moal
dipaké?”
“Baruk
teu acan kapésér baé sepédah téh. Kasian déh lu!”
“Kawas
abégé waé. Di mana diteundeunna?”
“Naon
téa?”
“Handphone!”
“Cenah
tadi nginjeum sepédah?”
“Milu
nga-SMS sakali mah. Nu uing béakeun batré.”
“Béak
batré atawa béak pulsa?”
“Duanana.”
Sanggeus
sababaraha lila ngoprék hapé kuring, manéhna ngaléos bari sarangah-séréngéh.
Tangtu geus apaleun lebah mana kuring neundeun sepédah.
Kakara
gé Yuda ngaléos, indung kuring ngurunyung ti kamar.
“Aya
saha?”
“Yuda.”
“Mana?
Sina dahar heula atuh!” indung kuring rarat-rérét. Teuing ku naon, da bangun
nyaaheun pisan ka Yuda téh. Mun pareng ngobrol, da mani sok uplek naker. Ongkoh
Yuda mah pinter ngabojég deuih.
“Geus
bogaeun kabogoh Yuda téh?” indung kuring diuk gigireun.
“Sakaterang
mah teu acan.”
“Ari
Nia, iraha téa …”
“Nikah?”
“Enya,
naon deui atuh.”
“Duh,
teu acan kaimpleng, Mah.”
“Rék
ngadagoan naon deui, umur geus leuwih ti manjing, gawé geus boga. Atuh rupa, saha
nu nyebut Nia goréng. Ceuk Mamah mah ulah dilila-lila.”
“Atos
mah, Nia bosen. Nikah deui, nikah deui.”
“Na
budak téh, mani teu beunang pisan diatur!”
“Nia
mah sieun tunggara siga Mamah. Nia mah alim naon anu karandapan ku Mamah
kaalaman ku Nia. Sieun dinyenyeri, sieun digunasika!”
“Teu
sadaya pameget kitu, geulis.”
“Kliseu,
buktina mah geuning …” satengah teu sadar kuring ngajéngkat, asup ka kamar.
Diuk dina kasur bari ngahuleng. Kawin. Naha éta kecap téh penting kitu keur
kuring? Haben dipikiran, lebah mana untungna. Boga turunan? Éta sigana. Tapi
naha turunan téh hiji-hijina tujuan kawin?
*
ISUK
kénéh Yuda geus ngajentul di téras hareup. Tara-tara ti sasari.
“Geuning
mani tanginas?” ceuk kuring, geus saged rék indit ka kantor.
“Nganteurkeun
sepédah, bari aya picaritaeun deuih.”
“Lila
moal?”
“Bisa
lila, bisa henteu. Kumaha jawaban ti manéh.”
“Alah,
aya-aya baé. Milu atuh ka kantor, terus ngobrolna di jalan.”
“Kana
motor?”
“Kana
naon deui, da kuring mah teu boga mobil.”
“Kumaha
mun Nia idin heula poé ieu mah.”
“Har?
Naha bet kudu idin, da henteu gering.”
“Diuk
heula, lah.” manéhna nunjuk korsi. Bisi penting, kuring ngéléhan.
“Langsung
baé,” pokna, “Uing rék nanya, ari Nia bener teu hayang ngajaran jadi
pangantén?”
Katémbong
teuteupna mani anteb. Geus kawin deui baé.
“Ku
naon sih, ti kamari nanyakeun kawin?” pok téh rada kesel.
“Kieu,
tadi peuting uing boga ideu. Uing yakin, manéh gé tangtu hayang ari ukur
ngajaran mah, kumaha rasana rumah tangga. Kuring gé sarua. Tapi urang papada
can meunang calon nu cocog. Kumaha mun… euh, sigana Nia baris ngajenghok.
Kumaha mun urang diajar rumah tangga …”
“Diajar
rumah tangga?”
“Enya.
Manéh dikawin ku uing, hareupeun panghulu, tapi saenyana mah bobodoan. Lain
kawin enyaan …”
“Ké,
ké, lieur kuring mah ieu téh.”
“Teu
kudu lieur. Ieu mah dina raraga nyobaan. Engké manéh jadi pamajikan uing,
bobodoan. Mun kira-kira teu cocog, urang pepegatan. Terus jadi sobat deui
sakumaha sasari.”
“Terus
kuring kudu saré jeung manéh?” kuring melong.
“Henteu
kudu, apan kawin bobodoan. Saré mah misah wé, tapi saimah. Engké manéh bakal
diajar kumaha riweuhna jadi pamajikan, nyadiakeun dahar, nyeuseuhan. Atuh uing
gé rék diajar jadi salaki. Engké manéh baris meunang kacindekan, sabada
dirarasakeun pait-amisna, naha mending kawin enyaan atawa entong.”
“Mun
kawin enyaan, kudu jeung manéh?”
“Nya
henteu atuh, sayang. Manéh bébas pikeun milih saha baé, nu kasép,
nu gandang. Atuh kuring gé boga kasempetan pikeun milih. Da apan urang
babaturan masih nepi ka paéh gé,”
“Enya,
urang mah babaturan. Moal mungkin terus rumah tangga. Kuring geus nganggap
manéh bagéan tina awak kuring. Tapi rencana manéh téh teu asup akal, tangtu
matak riweuh. Geus lah, mending jadi babaturan baé, teu kudu ékspérimén kawas
kitu!”
“Teu
asup akal lain hartina teu beunang dicobaan. Uing mah saukur hayang
ngayakinkeun, kumaha ari rasana rumah tangga téh. Mun Nia nyebut rumah-tangga
réa rugina, teu nanaon ari geus ngalaman mah.”
“Tapi
manéh téh babaturan, Yud. Leuwih éndah jadi sobat. Atuh engké téh meureun
kuring dijajah ku manéh.”
“Urang
sosobatan geus welasan taun. Sahanteuna urang geus papada apal kana pribadi
séwang-séwangan.”
“Ana
kitu mah, mun urang kawin téh ukur heuheureuyan?”
“Tah
éta, heuheureuyan.”
“Teu
bisa, Yud. Yu ah, bisi beurang teuing!”
Yuda
ukur melong. Rada hemeng ku paripolah Ki Sobat poé ieu.
“Manéh
teu nyaah ka indung?”
*
SAPOÉ
éta mah teu bisa konséntrasi. Teuing ku naon, rarancang Yuda bet ngaganggu
pikiran. Papanganténan, kitu meureun kasebutna. Aya kitu di alam dunya nu rumah
tangga ukur nyobaan, teu serieus, teu boga niat enya-enya. Tapi apan hirup mah
terus-terusan diajar, terus-terusan nyobaan.
Ah,
Yuda, da ti baheula gé kuring mah teu kungsi boga haté ka anjeun, iwal ti
nganggap sobat nu satia. Anjeun gé sigana mah kitu. Mun urang rumah tangga, asa
teu kasawang, asa bakal hayang seuri. Manéh mah éndah kénéh jadi sobat. Ulah
aya beungkeutan itu-ieu.
Dipikiran
deui, ari saukur nyobaan mah meureun naon salahna. Naon rugina keur kuring.
Saré moal bareng. Mun hayang pegat kari ngomong, terus diserahkeun, terus jadi
sobat deui sakumaha sasari. Meureun Mamah gé milu bungah nénjo kuring rumah
tangga mah. Mamah teu hayang apal jeung saha kuring kawin, bogoh atawa henteu,
nu penting mah boga salaki. Mamah nu welasan taun dinyenyeri ku bapa, naha
henteu baluas kitu? Henteu sieun kitu nénjo anak dinyenyeri. Tapi ari Yuda mah
moal bisa nganyenyeri kuring, manéhna sobat nu éndah. Kuring apal kana watekna.
Geus kacekel. Sasatna welasan taun babarengan.
Satengah
teu sadar, basa kuring mencétan hapé, nga-SMS Yuda. “Hayu, urang cobaan,
heuheureuyan, nya!”
*
UKUR
padu salamet téh lain bobohongan. Mamah mani bangun gumbira naker, satuju deuih
kuring nangtukeun pilihan ka Yuda. Kuring maké tiung bodas, Yuda dikopéah, ijab
kobul, méré maskawin. Resmi wéh Yuda jadi salaki kuring, salaki bobohongan, da
kitu komitmen saméméhna, mun geus tilu bulan rék pepegatan.
Saheulanan
mah Yuda cicing di imah kuring. Saré misah, Yuda ngeusian kamar kosong di
hareup. Tapi mimindengna mah saré dina sofa sabada sapeupeuting lalajo maénbal.
Kuring diajar ngawulaan manéhna. Nyadiakeun kopi jeung sarapan isuk-isuk.
Nyeuseuhan bajuna, ngistrika, balanja kaperluan dapur. Mimiti karasa riweuhna
téh, cacakan bobohongan mah. Yuda katémbong leuwih getol. Isuk kénéh geus indit
gawé. Balikna barangbawa dahareun karesep kuring. Terus dahar duaan. Terus
misah saré. Kitu jeung kitu wé.
Mamah
mimiti curiga. Tapi kawasna téh teu wani pok. Ah, naha kuring perlu bébéja yén
ieu mah rumah tangga bobodoan. Komitmen kuring duaan.
Lila-lila,
bet sok timbul kakeuheul. Yuda tara tarapti ari teuteundeunan. Kamarna
awut-awutan, kuntung roko di mana-mana. Sakapeung balikna tengah peuting,
teuing tas ti mana.
“Ti
mana, wayah kieu karék datang?”
“Ulin.”
“Ulin?
Kuring geus nyadiakeun keur dahar, naha manéh teu karunya ka nu masak?”
“Nia,
apan bobodoan. Hartina engké mun boga salaki enyaan, Nia baris tugenah mun
salaki balik peuting. Ieu gé pelajaran keur kuring mun engké boga pamajikan nu
enyaan.”
“Enya,
bobodoan.” kuring nyobaan meper kakeuheul. Yuda, naha kuring téh masih kénéh
nganggap anjeun sobat atawa …. Mun sobat, atuh meureun teu kudu ringrang najan
anjeun teu balik tilu poé gé.
Manéhna
mimiti nyobaan neuleuman haté kuring. Mimiti tatanya, naha aya masalah di
tempat pagawéan, terus méré bongbolongan bari teu weléh direumbeuy heureuy.
Kuring mimiti kataji ku sikepna nu sabar, ari kuring apan sakieu babarianana.
Éta deuih, bet asa aya batur keueung, batur nyileuk, najan ari saré mah tara
kungsi bareng. Manéhna enya-enya ngajaga jangji, kawin bobodoan téa. Boro-boro
nyampeurkeun ka kamar, nyekelan leungeun gé sasatna teu wanieun. Sakeupeung,
bet kumejot hayang nyusupkeun sirah dina dadana. Tapi, apan bobodoan.
Teu
karuh-karuh bet timburuan, basa manéhna bébéja cenah tadi papanggih jeung urut
kabogohna. Padahal naon perluna kuring timburu ka manéhna. Tapi naha bet seueul
kana angen. Naha manéhna gé boga rarasaan nu sarua, basa kuring ngadongéng di
kantor aya pagawé anyar nu kasép tur bubujangan kénéh. Ah, Yuda, naha urang bet
ngalakonan hirup kawas kieu.
Bet
teu karasa, ti bulan geus kaliwat. Peuting ieu kuring jeung manéhna nengetan
kalénder nu dicakraan saban poé. Enya, geus jejeg tilu bulan. Dina perjangjian
duaan, nyobaan kawin téh rék tilu bulan baé. Geus kitu pepegatan, nangtukeun
pilihan séwang-séwangan, terus sosobatan deui sakumaha sasari.
“Enya
kitu isuk, mani asa nyérélék geuning?”
“Kawin
tanggal 20 Méi, ayeuna 20 Agustus. Enya, tilu bulan,” kuring nunjukan angka.
“Terus?”
“Komitmen
urang ngan tilu bulan.”
“Enya,
isuk urang ka KUA. Teu perlu bébéja ka Mamah,” sorana bet sari-sari ngahelas.
Teuing ku naon, kuring gé bet patingsareblak.
“Tilu
bulan urang diajar rumah tangga. Kasimpulanana?” kuring neuteup.
“Cindekkeun
baé dina haté séwang-séwangan. Kuring mah tunduh, teu kuat.” manéhna rék
ngaléos ka kamar hareup.
“Cicing
heula, Yud. Ieu téh peuting pamungkas urang babarengan.”
“Peuting
isuk gé aya kénéh.”
“Tapi
statusna béda.”
“Enya,
béda. Tapi apan bobodoan. Isuk kuring rék balik ka kontrakan. Rék hirup
nyorangan deui. Tugas kuring geus bérés, ngayakinkeun ka anjeun kumaha rasana
rumah tangga.”
“Yud,
naha anjeun teu sedih?”
“Sedih?”
“Naha
anjeun henteu ngarasa mun salila tilu bulan kuring ngawulaan anjeun kalawan
haté nu ihlas?”
“Enya,
karasa.” jawabna datar.
“Yud,
kuring hayang saré dina dada anjeun!”
Manéhna
bangun ngagebeg. Neuteup teuing ku seukeut.
“Bobodoan
ieu téh, Nia.”
“Lain,
enyaan. Kuring hayang enyaan.”
“Komitmen,
Nia.”
“Komitmetn
bisa kénéh dirobah, da urang nu nyieunna.”
“Kuring
mah teu payus keur anjeun, Nia. Kuring sagala teu boga, kuring sobat anjeun.”
“Naha
teu meunang mun sobat jadi salaki?”
Manéhna
neuteup ku panon nu ngembeng.
Sumber: http://daluang.com/
No comments:
Post a Comment