"Si
Ahmad geus ngaliwat, manéhna?" cék Mang Oji ka pamajikanana.
"Bieu
mah mawa carangka ka kidulkeun, tapi can katémbong balik deui," walon Bi
Rukim.
"Kumaha
papakéanana?"
"Dicalana
komprang, maké dudukuy, ngajingjing arit!"
"Henteu
maké kopéah?"
"Henteu.
Ari kitu aya naon, teu karuh-karuh nanyakeun Si Ahmad?"
"Biasana
wayah kieu téh geus indit ka masigit. Pohoeun kitu?"
"Atuda
kakara ogé jam tilu,"
"Baruk?
Kakara jam tilu?" Mang Oji ngoréjat. "Ari sugan téh geus satengah
genep. Naha waktu téh, mani asa leuir-leuir teuing?"
"Da
Akang mah, puasa téh ngan ngarérétan baé jam. Bangbrangkeun ka dituh, ngarah
henteu ngabarungsinang!"
"Lain
ngabarungsinang. Éta, nanyakeun Si Ahmad sotéh, hayang geura-geura ngadéngé
manéhna adan. Mani asa ngeunah kana ceulina téh,"
"Puguh
baé, da wedalan pasantrén Bojong. Ngajina ogé alus, kungsi jadi juara kacamatan
apan!"
Mang
Oji ngahuleng, bari ngadayagdag kana korsi. Sukuna nyampay dina méja. Ragamang
kana saku, ngusiwel ngaluarkeun bungkusan.
"Siga
rék udud, manéhna?"
"Gagabah
teuing! Rék dipindahkeun kana méja ieu mah, ti tatadi disakuan baé!"
"Bako
ti mana kitu?"
"Paméré
Si Darmita, tadi isuk-isuk. Bako kawak béjana mah, da diasaan téh mani seungit
melenghir,"
"Baruk
diasaan ongkoh?"
"Enya,
tadi ti peuting, balik tarawéhan!"
"Lain
isuk-isuk dibéréna ogé?"
"Na
talété teuing atuh!"
Ngahuleng
deui. Panonna neuteup ka buruan, ngaliwatan panto nu ngageblang. Katempo budak
leutik keur ngadahar cau. Mang Oji neureuy ciduh.
"Gogoda
..." gerendengna. Rét deui kana jam. Kakara satengah opat. Dayagdag deui.
Huleng deui. Naha atuh, ari koréjat téh siga manggih ka reuwas. Berengbeng ka
dapur, leumpangna mani blagbligblug.
"Aya
naon?" cék pamajikanana, nu keur campego hareupeun hawu bari ngasur-ngasur
suluh.
"Ari
daging éntog geus dijait?"
"Enggeus.
Tuh, dina pago, diwadahan ayakan!"
"Geus
diasakan?"
"Acan,
da beurang kénéh!"
"Kadé
bisi kapopohokeun!"
"Moal,
apan kami gé hayang ngasaan!"
"Heueuh,
sakali-kalieun mah buka puasa téh ku nu ngarareunah. Bangsaning dadagingan,
ulah asin deui-asin deui. Kumaha ari keur tajil, aya kénéh candil, lin?"
"Apan
ku Akang dibéakkeun basa balik tarawéhan!"
"Ku
naon atuh?"
"Apan
boga kénéh cau raja ceré,"
"Aéh,
heueuh. Har ... geuning daging éntog téh kari sapuluh keureut, naha ka mana
sawaréh deui?"
"Taktagé,
keur keuheul kami téh. Ku Akang dipoe di luhur kandang domba, lin?"
"Enya,
ari kitu?"
"Si
Renggé, hayam Si Kosim, gagarapakan di luhur kenténg. Teuing dikumaha, da poé
daging téh ujug-ujug murag. Jol Si Bopih, anjing Si Kosim kénéh. Puguh baé asa
dibéré hancengan ..."
"Jadi
ieu téh sésa Si Bopih?" Mang Oji mani molotot.
"Lain
éta mah, anu nyésa kénéh di luhur kandang. Ari anu murag mah lapur wé, geuleuh
rék dicokot deui ogé,"
"Na
ari Si Kosim, gableg ingon-ingon diabur waé. Diontrog siah ku aing!" Mang
Oji mani kekerot.
"Ulah,
Kang. Ayeuna téh bulan puasa, naon kasebutna mun paréréa omong téh,"
"Keuheul
atuda,"
"Keun
wé atuh, da henteu pérén kabéh. Lain, ari éta téh daging éntog ti mana?"
"Nya
éntog urang atuh!" Mang Oji muncereng.
"Ké,
ari urang boga sabaraha hiji éntog téh?"
"Na
mani teu apal kana ingon-ingon. Ti baheula ogé urang mah teu kungsi riab ku
éntog. Si Géyot apan anu dipeuncit téh, bonganna nguyung baé. Tumpur wé meureun
éntog téh, Si Géyot geus euweuh mah!"
"Ké,
ké, lain Si Géyot mah keur dikurungan di pipir?"
"Geus
dipeuncit cék kami ogé!"
"Aya
kénéh. Jung ilikan di pipir!"
Mang
Oji turun ka buruan. Enya baé éntog téh keur dikurungan ku carangka. Gidig deui
ka dapur bari kerang-kerung.
"Enya
geuning ..."
"Heueuh,
puguh kagét kami ogé!"
"Ari
dipeuncit éntog saha atuh, nya. Ah, barina ogé maké jeung geruh atuh!"
"Jadi
kumaha atuh, Kang?"
"Asakan
wé. Rejeki urang éta mah!"
*
Bada
magrib.
Mang
Oji geus ngampar samak di dapur. Sangu haneut diwadahan ku boboko, geus
ngawagir hareupeunana. Kitu deui deungeunna mani ngabarak, kaasup daging éntog
téa.
"Manéhna!"
pokna, ngageroan pamajikanana. "Ngén atuh urang dahar!"
"Moal
solat heula?"
"Engké
deui, geus dahar. Cék ajengan ogé tara husu ari solat méméh dahar téh. Komo
apan ayeuna mah aya daging éntog,"
Kakara
ogé rék ngarongkong piring, kaburu aya nu pupuntenan. Cukil ditunda deui.
Kojéngkang mukakeun panto.
"Mang
Oji aya?" cék nu di luar.
"Geuning
ilaing, Kosim. Yap atuh ka jero!"
Kosim
unggah, bus ka dapur, diuk hareupeun dahareun nu ngabarak.
"Euleuh,
geuning badé taruang. Ngaganggu meureun?"
"Ah,
henteu. Sakalian wé atuh, geus buka acan?"
"Enggeus
ari buka mah, ngan kakara ngadahar candil!"
"Enya,
sakalian wé di dieu!"
"Asa
ararisin ieu téh?"
"Naha
maké jeung éra, kawas di imah saha baé!"
"Ditampi
atuh!"
"Enya,
sok!"
Kalahka
kapiheulaan ku Si Kosim dahar téh. Mang Oji bati medenghelna, da puguh satadina
mah ukur ajak jawa. Tapi teu bisa kumaha, moal enya ari dicarék deui mah.
Buru-buru manéhna ogé nyokot piring, rék maturan sémah. Na atuh, teu ku
hanteuna téh, Si Udin, budakna, nyampeurkeun ka dapur. Leuheung lamun saukur
nyampeurkeun, da ieu mah bari barangtitah ongkoh.
"Pa,
pangnyieunkeun kolécér!" pokna.
"Ké
deui, Bapa rék dahar heula!"
"Ulah
ngaganggu Sujang, Bapa manéh rék buka!" cék Bi Rukim.
"Hayang
ayeuna!"
"Piraku
wayah kieu hayang kolécér, rék di mana nanggerkeunana. Batur mah geus indit
tarawéhan!"
"Hayang
ayeuna!" Si Udin kalahka lewa-lewé.
"Isuk
deui!"
Abong
budak, dihulag téh kalahka ceurik gogoléran dina palupuh.
"Jung
atuh nyokot awi jeung péso rautna!" sora Mang Oji mani teugeug. Ari Si
Kosim, henteu ngarérét ka sisi ka gigir, jongjon baé dahar mani bangun ponyo
naker, disaksian ku Mang Oji bari ngarautan awi. Bi Rukim tibang ngégél curuk
di lawang ka imah.
"Puguh
kieu, Mang!" cék Si Kosim bari ngosom. "Kuring téh rék nginjeum
carangka, keur mawa jagong ti Palawija!"
"Pira
carangka atuh, cokot baé di pipir!"
"Enya.
Bisi Emang hayang ngasaan jagong, isukan dikirim!"
"Nyimpangkeun
wé tilu siki mah. Hég nu ngora kénéh, hayang ngasaan beuleumna!"
"Naha
atuh abong teuing, mani ngan ménta tilu. Lain Mang, ari ieu daging naon, asa
ngeunah-ngeunah teuing?"
"Daging
én ..."
"Hayam!"
kaburu ditempas ku Bi Rukim.
"Paingan
atuh, mani pédo. Cakial, Mang!"
"Enya
sugan!"
"Sok
atuh, asa teu puguh dahar sorangan mah!"
"Ké
ieu kagok, keur nyieun kolécér!"
"Hayam
nu mana ieu téh, Mang?"
"Euh
... nu mana, manéhna?" bari ngarérét ka Bi Rukim.
"Si
Tigug!"
"Paingan
atuh, dagingna mani pungkil. Nyaritakeun ingon-ingon, asa kaingetan, kuring téh
keur leungit éntog!"
"Baruk?"
"Isuk-isuk
mah aya, malah kaburu kénéh diparaban. Terus baé ngider teuing ka mana, nepi ka
bieu can mulang kénéh!"
"Lain
Jang Kosim mah teu boga éntog!"
"Puguh
kieu lalakonna mah. Mangkukna, kuring téh tatamba ka Ciseureuh, nepungan Bah
Wirya, dukun wacis téa. Apal meureun Emang ogé, kuring boga kasakit eungap. Cék
Bah Wirya, piubaranana ku daging éntog. Tapi, kudu meunang ngajampéan heula,
ngarah kaala barokahna. Kabeneran Bah Dukun téh ngingu éntog. Nya ngaririhan
hiji,"
"Kutan
kitu?"
"Enya.
Cék Bah Wirya, éta éntog dipeuncitna kudu poé Jumaah, jam opat burit. Didaharna
dina waktu buka puasa. Nya ayeuna meureun waktu nu mustari téh. Tapi éntogna
bet leungit!"
"Karunya
teuing!"
"Kapaksa
wé meureun isuk mah, sakalian ngala jagong, rék nepungan deui Bah Wirya. Bisi
matak kumaha onam, éntog meunang ngajampéan kalahka leungit. Aéh, kamalinaan
geuning dahar téh, mani areungap kieu. Nuhun, Mang!"
"Ulah
asa-asa Jang, sok wé hayang kénéh mah!"
"Wareg,
ah. Badé permios baé. Di mana carangka téh?"
"Cokot
baé di pipir!"
Si
Kosim ngaléos. Mang Oji ukur bati hanjeluna, basa ngarérét kana piring, daging
éntog geus beresih. Nu nyésa téh ukur sambarana.
"Na
aya sémah kasebelan teuing, mani teu ngagéhan nu boga imah!" Mang Oji
kutuk-gendeng.
"Béak
kitu? Euleuh, enya geuning ..."
"Teu
boga kaéra jelema kitu téh!"
"Teu
nyaho kasopanan nya , Kang!"
"Puguh
baé. Abong teu apal tatakrama Si Éta mah!"
"Ké,
boa nu dipeuncit ku Akang téh éntog Si Kosim. Da di lembur urang mah euweuh nu bogaeun
deui éntog. Mun enya téh, keun baé da didahar ku nu bogana. Atuh basa murag
tina kenténg, apan dihakanna téh ku anjing Si Kosim kénéh!"
"Kateuing
atuh!"
*
Isukna,
pabuburit.
"Ari
éntog geus diampihkeun?" cék Mang Oji.
"Éta
sugan, apan Akang anu ngencarkeunana ogé!"
"Hih,
boro-boro nguruskeun éntog kami mah. Sakieu keur rariweuh téh!"
"Teuing
atuh, da acan katémbong!"
"Kamana
ulinna, nya, wayah kieu tacan mulang!"
"Boa
diampihkeun ku Si Sujang?"
"Iraha
teuing budak aya kahideng. Sakitu pagawéan ukur ngablu téh. Ari engké dahar
jeung naon?"
"Aya
pais burayak jeung angeun waluh!"
"Asa
bosen ngadéngéna ogé. Iraha béakna pais burayak téh?"
"Teuing
atuh, bet nanyakeun ka kami!"
Keur
guntreng kitu kurunyung Si Omod, budak Kosim.
"Badé
nyanggakeun jagong!" pokna, bari neundeun karung hareupeun Mang Oji.
"Nuhun,
Jang. Wayah kumaha bapa manéh balik ti kebon?"
"Tadi,
tengah dinten. Saur pun Bapa, engké cénah bada magrib kedah ka ditu, urang
tuang sasarengan!"
"Dahar
babarengan?" Mang Oji kerung.
"Muhun!"
"Ké,
asa teu gugur teu angin ieu téh, diondang dahar ku Si Kosim!" Mang Oji
ngarérét ka pamajikanana. "Aya acara naon, Jang?"
"Duka
atuh, ngan pun biang nuju masak kanggo tuang sasarengan téa!"
"Masak
naon?"
"Saur
pun bapa mah ... daging éntog!"
Sumber: http://daluang.com/
No comments:
Post a Comment