Di
imah téh sorangan. Teu puguh gawé, bada isa gé geus ngaringkeb di enggon. Jam
sawelas lilir, kakareuwahkeun ku sora ucing nu gugurudugan di para. Keur ngudag
beurit kawasna mah. Tapi terus nyileuk teu bisa saré deui. Kalah ka bruh-bréh
pigawéeun poé isuk. Sawah nu can dipacul, ngoméan kandang domba, nutuhan
tangkal nangka nu ngahieuman buruan. Ras kana kajadian tadi beurang di saung
sawah Pa Haji... gebeg téh.
Dipeureum-peureum
gé teu daék reup. Kuniang wéh hudang, ngadon udud di tengah imah. Sora sindén
tina radio di imah tatangga mani ngéar, siaran wayang golék ti RRI Studio
Bandung. Sorana semu kabawa angin, da puguh rada jauh ka imah tatangga téh.
Keur
sorangan kieu mah, rupaning lamunan téh mani pabuis minuhan sirah. Tamba huleng
jentul teu puguh, kojéngkang ka dapur, rék neruskeun nganyam carangka pesenan
Si Darmita. Lumayan keur nambah-nambah meuli deungeun sangu.
Poék
di dapur téh. Barang bray ngahurungkeun lampu, nu pangheulana katénjo téh
calana panjang dina sasampayan. Lamokot kénéh ku leutak, urut ti sawah, can
kaburu diseueuh. Teuing ku naon, bulu punduk ngadadak muringkak nénjo éta
calana téh. Nganyam carangka nepi ka bedo. Ongkoh asa kabina-bina teuing deuih,
batur mah waktuna saré, ari ieu ngadekul kénéh digawé.
Balik
deui ka tengah imah. Gék dina korsi hoé. Ngajentul deui. Siaran wayang ti radio
tatangga geus dipareuman. Kaayaan jadi pohara jemplingna.
"Tok,
tok, tok..." panto hareup aya nu ngetrok lalaunan. Ampir-ampiran luncat
tina korsi awahing ku reuwas. Dédéngéan kitu? Tapi geus kadéngé deui nu ngetrok
panto téh, malah ayeuna mah dibarung ku sora nu pupuntenan.
"Punten..."
cenah. Sora awéwé.
Najan
jelema gedé kawani gedé kawani gé, kawasna ari aya nu nyémah tengah peuting
mah, tangtu mikir heula rék muka panto téh. Kuring gé kalah ka hareugeueun,
malah maké nyiwit leungeun sagala, bisi keur ngimpi. Nu ngetrokan panto beuki
kerep, nu pupuntenan beuki tarik.
Ti
baheula teu sieun ari ku jurig mah, ngan kumaha lamun jelema jahat? Mangkaning
keur sorangan, mangkaning imah téh rada nenggang.
Béhna
mah, méméh ngadeukeutan panto téh ngajéwang heula bedog, bisi aya bancang
pakéwuh.
Henteu
waka dibuka, ditoong heula tina sela-sela bilik. Katémbong aya nu keur
ngajengjen lebah golodog, kacaangan lampu lima wat. Awéwé ngora, ngais budak.
Bedog
ditunda, angkeuhan téh, dina enyana gé manéhna boga niat culika, untupan kénéh
ari ka pantar awéwé mah. Tulak dilaan, panto dibuka lalaunan.
"Saha,
nya?" pok téh, sora ujug-ujug ngadégdég.
"Abdi
Ningsih. Kawengian, badé milari bumi Pa Érté." pokna bari tungkul siga nu
éra. Buukna nu panjang ririaban katebak ku angin nu ujug-ujug ngaliwat ka lebah
golodog.
"Mulih
ti mana Enéng téh? Hawatos étah murangkalih katiisan!" cék kuring, neuteup
budak nu ukur katénjo réngkolna, da puguh dibulen ku samping.
"Nuju
milari bapana budak. Tos tilu dinten. Ari tadi siang teu kiat capé, kalah ka
tibra di saung sawah. Barang lilir horéng tos wengi..."
Gebeg
téh...
"Naha
bet milari ka dieu? Di mana kitu bapa budak téh?"
"Duka..."
pokna, tina panonna katémbong aya nu ngalémbéréh maseuhan pipina. Ngagurilap
kacaangan lampu.
Karunya,
karunyana mah. Ngan piraku kudu ngampihan awéwé tengah peuting, mangkaning keur
euweuh pamajikan.
"Hayu
ku Akang dianteur ka imah Pa Érté..."
"Wios
atuh, bilih ngarépotkeun!"
"Ih,
henteu. Piraku Akang ngantep Enéng sosoranganan."
Bedog
dijéwang deui. Panto disosi ti luar.
"Hayu!"
Manéhna
sina leumpang ti heula. Mapay jalan nu meulah kebon sampeu.
"Ari
bumi téh di mana?" cék kuring, bari neges-neges nu leumpang hareupeun. Cacakan
di nu poék mah, tangtungan éta awéwé téh mani écés. Buuk panjang, maké erok
landung warna bodas nepi ka ngarungkupan keuneung. Leumpangna éstuning tonggoy,
teu ngarérét ka sisi ka gigir.
"Abdi
mah teu gaduh rorompok..." pokna halon.
"Har,
na cicing di mana atuh?"
Manéhna
teu ngawalon. Teu ngomong deui nepi ka anjogna ka imah Pa Érté.
Kuring
ngalacat kana golodog imah Pa Érté, keketrok rada tarik. Rada lila rék dibuka
téh. Malah méméh dibuka téh nanya heula ti jero.
"Saha?"
cenah.
"Kuring...
Dirja!"
Bray
panto muka. Pa Érté katénjo lulungu kénéh. Pamajikanana gé kadéngé milu
nyaring. Henteu réa dongéng, derekdek baé dicaritakeun naon nu bieu kajadian.
"Euh,
yap atuh Nyai ka jero!" pokna bari ngarérét ka éta awéwé.
"Kuring
mah rék terus amitan, Pa Érté. Imah euweuh nu nungguan!"
"Enya
atuh..."
Barang
rék ngaléos pisan...
"Kang..."
cék éta awéwé. "Hatur nuhun pisan. Saréng punten deuih, aya nu kakantun di
bumi Akang. Nitip baé..."
"Kakantun
naon kitu?"
"Di
lancingan, Kang. Di dapur..."
"Pa
Érté, dikantun heula!" pok téh bari terus ngagedig. Geus rada jauh ti imah
Pa Érté, biur wéh lumpat teu nolih nanaon, nepi ka labuh sagala lebah kamalir.
Datang ka imah, muka panto rurusuhan, gajleng ka enggon, terus ngaringkeb bari
ngahégak.
Beungeut
éta awéwé, bet siga nu kamari kapanggih di saung sawah...
Poé
kamari, urang lembur gujrud. Si Icah manggih mayit awéwé di saung sawah. Awéwé
ngora, sigana mah tas ngalahirkeun, da gigireunana aya budak, sarua deuih geus
maot. Pa Érté hideng lapor ka pulisi. Sabada ditalungtik, éta awéwé dibawa ka
rumah sakit. Kuring jeung Pa Érté mantuan ngagotong.
*
ISUK-ISUK,
barang hudang, Pa Érté geus diuk dina golodog.
"Matak
mun Dirja boga budak awéwé, kudu ditalingakeun." pokna, paromanna ayem.
"Kumaha
kitu?"
"Peuting
téh éta awéwé ceurik mani kanyenyerian. Cenah kamusibahan, hubungan jeung hiji
lalaki nepi ka ngandegna, tapi lalakina henteu tanggung jawab. Tungtungna indit
sakaparan-paran, nepi ka anjogna ka saung sawah Pa Haji..."
"Deudeuh
teuing..."
"Ngajuru
di saung sawah, wanci janari, bari euweuh sasaha. Béakeun tanaga, nepi ka
hanteuna. Budakna ngoar sakeudeung, tapi terus nuturkeun indungna..."
"Mugi-mugi
sing tingtrim di kalanggengan..." teu ku hanteu ujug-ujug carinakdak.
"Terus kumaha, Pa Érté? Naha nu ditepunganana kuring jeung Pa Érté?"
"Harita
urang milu ngagotong mayit. Emang nu ngusap beungeutna. Ku Emang terus baé
dianteurkeun ka Cisurian, da di dinya lembur téh..."
"Aya
ku ludeungan..."
"Dina
calana Dirja aya getih sakeclak. Anteurkeun baé ka kuburanana engké tengah
peuting..."
"Jih,
horéam teuing, Pa Érté!"
Pa
Érté mésem. "Ka Emangkeun baé, urang ruang!"
Ti
lebah buruan, katémbong pamajikan geus balik, ngiringkeun barudak.
Sumber: http://daluang.com/
No comments:
Post a Comment